Teks Khutbah Idul Fitri 2021 Bahasa Sunda: Shaum Ngalatih Ngendalikeun Diri

11 Mei 2021, 16:42 WIB
Teks khutbah Idul Fitri dengan bahasa Sunda /

JURNAL SOREANG- Hadirin Rohimakumulloh.

Puji nu jadi pangais ati urang dugikeun ka Alloh robbul Izzati, puja nu jadi panghias rasa urang sanggakeun ka Alloh Azza Wajalla. Kalayan qudrot Manteunna Alhamdulillah urang sadayana masih dipasihan yuswa kalayan sehat wal’afiat dugika ayeuna, urang tiasa ngalaksanakeun shaolat Iedul Fitri tahun 1442 H/ 2021 M. saba’da sasasih lamina urang ngalaksanakeun tugas suci ti Nu Maha suci, berjuang ngendalikeun diri, ngabendung nafsu nahan amarah, latihan fisik jeung mental ku jalan ngalaksanakeun puasa jeung rentetan ibadah-ibadah lainna.

Shalat ‘Idul fitri mangrupakeun closing ceremony atawa peresmian penutupan ibadah puasa ramadhan anu tangtuna disambut jeung dirayakeun ku umat islam di saantero dunya anu pinuh kurasa gumbira, jeung bahagia. Tapi disagigireun eta urang masih dina kaprihatinan, sabab masih keneh dina kaayaan pandemi COVID-19 anu wabah ieu can leungit masih terus nular ka dulur urang, teu aya deui anu kudu dilakukeun ku urang sarerea iwal ti ngadua ka Alloh SWT, sabab ieu tes mangrupakeun ujian mungkin siksa ti Alloh SWT, sakumaha pidawuh Rosulullah 

“Ti Sayyidatina Aisyah r.a, Ummil Mu’minin, anjeunna cumarios, sim kuring naros ka Rosululloh saw. masalah THO’UN, maka kangjeng Rosul ngawartosan, ari Tho’un (panyakit nular) teh eta adzab/siksa anu diutus ku Alloh SWT ku sapangersana. Alloh nurunkeun rahmat keur jalma anu ariman moal keuna thoun ka salah saurang anu cicing di lemburna bari sabar jeung introspeksi diri bari yakin yen moal keuna ka saha bae kajaba anu geus ditetepkeun ku Alloh SWT. Maka jalma eta meunang ganjaran sarua jeung anu mati syahid    (H.R. Bukhori).

Baca Juga: Teks Ceramah Ramadhan 2021: Mudik Saat Ini malah Anti Silaturahmi

Sabab sagala rupa anu kajadian di alam dunya boh hadena boh gorengna, eta tos direncana jeung ditangtoskeun ku Mantenna, sakumaha pidawuh dina surat At-Taubat ayat 51

“Ucapkeun ku anjeun Muhammad, moal tumiba ka abdi sadaya kajaba perkara anu tos netepkeun Alloh ka abdi sadaya, Manteunna anu ngurus jeung ngalindungi abdi sadaya, jeung ka Alloh sadaya mu’min muntang.”

Anu kadua urang kedah tetep turut tumut kana aturan PROKES/Protokol Kesehatan ku ngalaksanakeun 5 M (masker, mencuci tangan, menjaga jarak, menghindari kerumunan, menghindari aktivitas). Sabab urang diparentah usaha jeung ihtiar secara lahiriah, berdasarkeun hasil panalitian ilmu kedokteran jeung kasehatan.

Hadirin Rohimakumulloh,

Ti mimiti panon poe surup dina poe kamari kaum muslim nyambut datangna hari raya “idul Fitri ku ungkapan kalimat TAKBIR, TAHLIL jeung TAHMID patarema, patarembalan ngaguruh lir hujan silantang, minuhan jagat raya, rasa gumbira jeung bungah ieu di ekspresikeun ku ungkapan kalimah thoyyibah.

Baca Juga: Teks Ceramah Ramadhan 2021: 10 Amalan yang Dicontohkan Rasulullah Menjelang Idul Fitri

Ucapan TAKBIR nembongkeun sikap rendah hate, rendah diri, rumasa yen kanyataan nana urang kacida leutik jeung hina di payuneun Alloh Swt nu Maha Gagah tur Agung, kusabab eta teu layak urang miboga sikap takabur sombong adigung adiguna.

Ucapan TAHLIL mangrupakeun wujud tina sikap satia jeng yakin yen ngan Alloh robbul ‘izzati anu kudu disembah jeung dipenta tulung, salian Alloh teu aya nu hak di sembah, dipuja jeung dipuji sanajan manehna hebat berpangkat jeung terhormat.

Ucapan TAHMID mangrupakeun ungkapan rasa syukur ka Robbul Ghofur anu tos ngalimpahkeun karunia jeung kanikmatan anu teu aya papadana, boh nu karaos atawa nu teu karaos, boh ni’mat hirup, ni’mat rizki, ni’mat sehat wal ‘afiat terutama ni’mat iman jeung islam, sehingga urang masih mampu ngalaksanakeun parentah nyaeta ibadah ka manteunna.

Baca Juga: Teks Ceramah Ramadhan 2021: Lima Amalan yang Dicontohkan Rasulullah Menyambut Idul Fitri

Tah ieu sadayana ngarupakeun wujud nyata tina pidawuh Alloh Swt anu ka unggel dina surat Al-Baqoroh 185:

“Jeung geura sampurnakeun bilangan nana (sabulan), jeung agungkeun Alloh (Takbir) sabab ku perantaraan pituduh Alloh,mudah-mudahan aranjeuna kabeh kaasup golongan anu tukang syukur.”

Allohu Akbar Walilahilham Ma’asyirol muslimin rohimakumullah,

Ibadah puasa ramadhan lain ngan ukur kawajiban anu wajib dilaksanakeun ku sadaya muslim sataun sakali atawa rutinitas ritual wungkul, tapi leuwih jauh ti eta, ngandung ma’na jeung hikmah anu penting, nyaeta bulan romadhon mangrupakeun SYAHRUN MU’ARIDUN  bulan latihan ngendalikeun diri tina ajakan hawa nafsu, bulan latihan disiplin ruhani latihan sabar dina raraga ngalaksanakeun parentah Alloh SWT. latihan ngendalikeun diri tina hawa nafsu, boh nafsu makan, syahwat atawa nafsu amarah, sabab diantara kasampurnaan manusa dibanding jeung makhluk sejen nyaeta dibere kalengkapan, disagigireun jasad ruh oge dibere akal jeung nafsu, ngan kudu diupayakeun hirup urang ulah dikendalikeun jeung disetiran ku nafsuna, sabab sanajan nafsu ieu perlu jeung aya manfaatna keur ngadorong manusa sangkan boga kahayang, tapi cenderung gegedena nafsu mah ngadorong kana kagorengan jeung kamungkaran.

Baca Juga: Teks Ceramah Ramadhan 2021: Bentuk Generasi Cerdas Berkarakter dengan Pesantren Digital

Sakumaha firman Alloh Swt dina surat Yusuf ayat 53:“Jeung satemena kaula teu bisa ngabebaskeun diri kaula (tina kasalahan), sabab nafsu ieu cenderung ngajurung kana kagorengan/kamungkaran kajaba nafsu anu aya dina Rahmat Pangeranana.”

Naon sababna nafsu cenderung kana kagorengan, sabab nafsu ieu dijadikeun alat ku syetan la’natulloh pikeun nyilakakeun, nyangsarakeun manusa meh jadi batur manehna dina naraka, ka unggel dina Al-Qur’an surat Al-Baqarah ayat 268:

“Ari syetan eta ngajurung aranjeuna kana kagorengan jeung nitah milampah kamaksiatan, sedengkeun Alloh Swt ngajangjikeun pangampura jeung karunia, memang Alloh nu luas karuniana jeung maha uninga.”

Jalma anu sok milampah kamaksiatan, kamungkaran, kajahatan eta diakibatkeun ku nafsu anu teu bisa dikendalikeun, diantara anu bisa ngendalikeun nafsu teh nyaeta dibimbing sina tunduk kana aturan Alloh Swt, nyaeta ibadah ka Mantenna anu diantarana ibadah puasa.

Baca Juga: Teks Ceramah Ramadhan 2021: Dimensi Pembentukan Kecerdasan dalam Ibadah Shaum

Ku puasa romadhon urang latihan disipllin ruhani, hartina ibadah puasa ngarupakeun IBADAH SIRRIYAH / ibadah rahasia antawis hambana jeung Alloh SWT, sabab jalma moal apaleun ka nu sejenna, naha manehna puasa atawa henteu, batal puasana atawa henteu mung Alloh nyalira nu uningaeun jeung eta jalma teh bener-bener puasa. Hal ieu kacida erat hubungan jeung namina kaikhlasan jeung kasadaran, yen yakin satiap tingkah rengkak paripolah urang teu lepas tina panguninga na Alloh SWT. Sakumaha pidawuhNa :

“Mantena Alloh terus marengan aranjeun dimana wae aranjeun aya, jeung salilana Alloh uninga kana sagala nu dipilampah ku aranjeun“(QS Al-Hadid ayat 4 )

Kusabab eta saha jalma anu bener-bener puasa jeung ibadah nu sejena kalayan niat karna Alloh, maka bakal dihampura dosa-dosana jeung dibere pahala anu berlipat ganda. Sakumaha pidawuh Rosulullah SAW 

“Sing saha jalma anu puasa Romadhon kalayan didasaran ku iman jeung rumasa dosa / intropeksi diri maka bakal dihampura dosa na anu geus kaliwat, “Saha jalma anu puasa romadhon kalayan didasari ku iman jeung rumasa kana dosa maka dosa-dosana bakal kaluar lir ibarat manehna karek dilahirkeun ku indungna.:

Baca Juga: Teks Ceramah Ramadhan 2021: Haruskah Kita Mudik Saat Pandemi Covid-19?

Rosulullah SAW ngadawuh dina hadis Qudsi:

“Satiap kahadean anu dipilampah ku anak adam ganjaranana di lipat gandakeun ti mimiti sapuluh nepika tujuh ratus kali lipat kajaba ibadah puasa, ganjarana urusan kaula, kaula nu nangtukeun pahalana.

Allohu Akbar …

Hadirin Rohimakumulloh

Sakumaha anu tos dima’lum yen disagigireun ibadah puasa, oge pikeun sakabeh umat islam ti mimiti orok nu karek lahir nepika aki-aki jeung nini-nini nu geus kolot diwajibkeun ngaluarkeun zakat fitrah anu lobana sa’sho atawa 2.5 (dua satengah) kilo pikeun anu mampu, anu fungsi jeung faedahna nyaeta pikeun ngabersihkeun jiwa anu puasa tina sagala kokotor dosa jeung noda sarta ngarupakeun kadaharan keur fakir miskin oge panyambung nepi jeung ditarimana amal puasa ku Alloh Swt, sakumaha pidawuh Rosululloh Saw 

“Zakat fitrah ngarupakeun panyuci anu puasa tina ucapan jeung perbuatan anu lacut  jeung mangrupakeun kadaharan pikeun fakir miskin.

Baca Juga: Lebaran Tahun Ini Masih Sama dengan Tahun Lalu, IRMA Jabar: Lakukan Ibadah dengan Protokol Kesehatan

 “Sing saha jalma anu puasa, tapi teu ngaluarkeun zakat badan/ zakat fitrah maka pahala puasana ngagantung antara langit jeung bumi lir kalakay hiber.”

Ku diparentah ngaluarkeun zakat fitrah pikeun mustahik terutama fakir miskin hartina yen dina poe lebaran ieu teu menang aya jalma anu teu barang dahar nepika susah teu aya dahareun. Suasana gumbira ieu lain ngan ukur keur nu mampu wungkul tapi fakir miskin oge aya hak ngarasakeun gumbira. Urang dituntut ngarasakeun ka tugenah maranehna anu sok karasa ku urang dina waktu puasa lapar jeung lungse, dimana maranehna mah ngarasakeunana unggal waktu.

Ku latihan puasa jeung zakat fitrah mudah-mudahan urang kasentuh kalbu, kasentak dada, kakait ati, kagugah manah pikeun hayang mere maweh ka sasama, nagabantu nulung kanu butuh nalang kanu susah, sabab urang teu bisa hirup tanpa bantuan nu lain, nu beunghar oge moal bisa ngani’mati kakayaan na lamun teu aya bantuan batur atawa pagawe anu serba kakurangan (fakir miskin).

Alloh Swt dina surat Al-Hasyr ayat 7:“Ulah nepika harta teh numpuk/ muter di antara nu kaya wungkul.”

Baca Juga: BMKG: Hilal Tak Akan Teramati Pada 11 Mei 2021, Lebaran Kemungkinan Besar pada Kamis

Allohu Akbar …

Hadirin Rohimakumulloh …

Sakumaha anu tos dibahas diluhur, yen ibadah puasa romadhon bakal ngahapus dosa jeung noda. Perlu dima’lum yen dosa anu dilakukeun ku manusa secara vertikal nyaeta ngalakukeun dosa langsung ka Alloh ku jalan ngalanggar laranganana jeung teu ngalaksanakeun parentahna, oge secara horizontal nyaeta dosa anu dilakukeun ka papada manusa atawa hak adami. Anapon dosa anu langsung ka Alloh Swt bisa di hapus jeung hampura ku 3 (tilu) cara:

  1. Rumasa jeung kaduhung ngalaksanakeun dosa;
  2. Istigfar jeung tobat ka Alloh Swt;
  3. Boga I’tikad jeung niat moal ngalakukeun deui.

Anapon dosa anu patula patali jeung papada manusa atawa hak adami cara ngahapusna nyaeta silih hampura, silih lubarkeun kasalahan. Sabab Alloh moal ngahampura kana dosa jalma anu berhubungan jeung papada jalma salama duanana can silih hampura.

Sabab eta di nagara urang tos jadi tradisi, tiap saba’da lebaran sok dilakukeun silaturahmi boh secara pribadi masing-masing atawa antara keluarga atawa secara ceremonial pikeun ikrar silih lubarkeun kasalahan jeung silih hampura, utamana pisan menta hampura ka indung bapa, indung anu ngandung bapa anu ngayuga, sabab sanajan beunghar bru di juru, bro dipanto ngalayah di tengah imah, boga jabatan jeung kakuasaan moal aya hartina lamun dibarengan ku doraka ka indung bapa, anu nyababkeun indung bapa murka. Rasululloh ngadawuh:

Baca Juga: Cegah Pemudik Nakal, Polri Terjunkan Pasukan Bersenjata Api di Pos Penyekatan

 “Ridhona Alloh aya dina Ridlo na indung bapa, Benduna Alloh aya dina benduna indung jeung bapa.”

Anu masih keneh aya indung bapa, geuwat sungkeum menta dihampura, nu tos teu aya do’akeun jeung pang mentakeun hampura ka Alloh Swt, anapon kitu deui kudu silih hampura antara salaki jeung pamajikan, antara dulur-dulur karib kerabat, oge jeung tatangga.

Maka hal ieu teh ngarupakeun cara tradisi anu kacida hadena jeung mulyana pikeun nguatkeun ukhuwah islamiyah, ukhuwah basyariyah jeung ukhuwah wathoniyah, ngajadikeun masyarakat sareundeuk saigel sabobot sapihanean, silih asih, silih asuh, silih asah, silih bantu silih pikadeudeuh jeung silih pikanyaah, saluyu sareng pidawuh Alloh Swt dina surat Al-Hujurat ayat 10:

“Saestuna Jalma-jalma mu’min teh eta sadulur, maka kudu damai/runtut raut di antara dulur-dulur aranjeuna jeung prak kudu taqwa ka Alloh supaya aranjeun kengeng rahmatna.”

Baca Juga: Teks Ceramah Ramadhan 2021: Kisah Sahabat yang Takut Kehilangan Rasulullah

Hadirin Rohimakumulloh.

Sadayana anu tos dijelaskeun di luhur ngarupakeun aspek-aspek anu nyumponan kriteria TAQWA dimana target ibadah puasa nyaeta menangna darajat TAQWA pidawuh Alloh SWT    mudah-mudahan aranjeun kagolongkeun jalma-jalma anu bener-bener TAQWA, jalma anu bener-bener TAQWA tempatna disurga.

Mangga lebaran iyeu urang sambut jeung rayakeun ku amal anu sae tur mulya, ulah disambut ku hura-hura jeung ku kamaksiatan, sakumaha pidawuhan rasululloh Saw:

“Kudu sambut hari raya ‘iedul fitri teh ku shodaqoh jeung amal-amal anu alus, ku kahadean sholat, zakat, tasbeh jeung tahlil, sabab dina poe ieu Alloh Swt ngahampura sagala dosa aranjeun jeung ngaijabah doa aranjeun, jeung bakal nyambut Alloh ka aranjeun ku rahmatNa.”

Baca Juga: Teks Ceramah Ramadhan 2021: 90 Persen Isi Alquran Soal Muamalah dan Hanya 10 Persen Akidah

Poma ulah ngarayakeun ‘iedul fitri ku hura-hura, mabok-mabokan jeung kamaksiatan. Rasululloh Saw ngadawuh

“Saha jalma anu nyieun kadorakaan ka Alloh dina poe ‘ied, eta sarua  jeung nantang siksa dina poe pembalasan.”

Mudah-mudahan ibadah puasa urang ditampi ku Alloh Robbul ‘Izzati, kalayan kengeng Ridlo sareng Maghfiroh Na, dugika ku ‘Idul Fitri ieu teh, jiwa raga urang bisa balik deui kana fitrahna nu sajati, mulih ka jati mulang ka asal, bersih diri kalayan tiasa nyandang gelar MUTTAQIN kengeng bagja fiddunya wal akhiroh..Aamiin.***

Editor: Sarnapi

Tags

Terkini

Terpopuler