Cek Sumber ti Jawa, Keris Nusantara Asalna ti Para Empu Sunda

- 17 Maret 2021, 10:33 WIB
Keris Sunda nu kasohor Jeung sumebar
Keris Sunda nu kasohor Jeung sumebar /Istimewa/

Baca Juga: Bahasa Sunda Bisa Nyageurkeun Pasen Afasia

Sabada guguru ka anjeunna Ciung Wanara tiasa ngadamel pakarang sakti ukur ku panangan sareng  ludahna tanpa paralatan lianna (ilik Babad Pakuan Gesang jeung Babad Tanah Jawi).

Ieu lain ngan ukur dongeng, nurutkeun ahli tosan aji jeung kolektor keris ti Jawa, keris titinggal Pajajaran/ Sunda/Galuh boga ciri nu mandiri nyaeta aya tapak ramo dina wilahanana, jeung tungtungna paranti ngasupkeun kana perah dipurilitkeun ku leungeun.

Lantaran nya eta tea dijieunna ku leungeun diemple-emple badis budak nyieun karajinan ku taneuh angir ku malam. Katompernakeun ge bisa kasaksian keneh, cek katerangan nu dagang Golok Ciomas, rek ngilikan asli henteuna Golok Ciomas ma coba ilik dina tungtung wilahan deukeut perahna, lamun eta golok asli, lian ti cap ngaran pandayna aya “cap jempol leungeun”.             

Baca Juga: Seni Rengkong, Tata Cara Masarakat Sunda Heubeul Ngarasanan Pare                                 

Dina mangsa taun 80-an ge sok kabejakeun keneh di wewengkon Ciwidey aya keneh panday nu ngalemeskeun bedog dihempit ku kelekna sabada dibeuleum.

Aya deui carita Olot Yaman/Salim (Suargi) Urang Baduy Saba Kota, incuna Ayah Arceu (sesepuh, nu sok jadi wawakil urang Kanekes lamun aya kaperluan jeung jalma luar. Sabab Ayah Arceu paseh nyarita ku basa Indonesia) ieu dina hiji mangsa basa dagang barang karajinan Baduy ka daerah  Banten diuji kasaktenna ku urang dinya, bari pura-pura rek meuli Golok, tapi aheng  nalika diragap jeung diusap ku salah saurang nu aya dina garduh ronda, bet dadak sakala golok teh jadi ngulahek, leuleus badis palastik kapanasan (cek salah saurang sesepuh ti Banten Kidul nya nu kitu nu disebut elmu Panglubaran teh),

"Waduh Pa harita kami kaget jasa tah, bet golok jadi leuleus kieu..mangkaning golok titipan batur, jualeun”. Tapi untung untungna Olot Yaman diwaris elmu “Panghudangan” ku akina, sabada diusap , golok teh dadak sakala jadi heuras deui saperti biasa. Wallohualam bisawab. Cag. ***

Halaman:

Editor: Sarnapi


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x