JURNAL SOREANG- Afasia teh nyaeta jalma nu teu bisa cumarita atawa leungit kompetensi basa/bahasana tina akibat jalan getih uteuk kencana kapendet, teu lancar. Biasana kaalaman ku pasen korban tabrakan.
Tanda-tanda jalma katerap Afasia biasana hese ngomong/cacarita, arapap eureup eup leungit vokalna . Dina saacanna gering bisa nyebut buku tapi sanggeus katerap Afasia teu bisa ngomong nanaon. Tapi aheng sabada pasen Afasia diajak ngobrol ku basa Sunda jadi gancang cageur.Bener ieu mah hal nu ilmiah, hasil kajian Disertasi Riki Nasrullah nu geus hasil dipertahankeun dina Sidang Promosi Doktor secara Daring, (30/9/2020).
Baca Juga: Abah Asep Nugraha: Kasepuhan Sirnaresmi Panceg Ngamumule Budaya Titinggal Karuhun
Riki nu diaping(dipromotoran) ku Prof. Dadang Suganda, jeung Dr. Wagiati, M.Hum, geus tinekanan ngaraeh gelar Doktor dina Bidang Ilmu Sastra Konsentrasi Linguistik di Universitas Padjadjaran, kalayan predikat Cumlaude (Meunang Pujian).
Riki geus hasil mertahankeun Disertasina, “ EKSPRESI VERBAL, POLA PEMULIHAN KOMPETENSI BAHASA, DAN EFEK TRANSFER LINTAS LINGUISTIK PADA PASIEN AFASIA BILINGUAL SUNDA-INDONESIA: KAJIAN NEUROLINGUISTIK”, di hareupeun para tim panguji (oponen ahli) kayaning Nani Darmayanti, Ph.D., Dr. Wahya, M.Hum, jeung Dr. Vitriana Biben, dr., Sp.KFR. (K).
Dina sidang harita rawuh Dekan FIB (Fakultas Ilmu Budaya) Yuyu Yohana Risagarniwa, M.Ed., Ph.D , salaku Ketua Sidang dan Dr.Mumuh Muhsin Z., M.Hum salaku Sekretaris sarta Refresentasi Guru Besar oleh Pro.Dr. Eva Tuckyta Sari S., M.Hum.
Baca Juga: Terebang Sejak, Debus ti Kampung Dukuh Cikelet Garut
Dina kajian ieu Riki minangka Doktor Linguistik – Neurologi (Neurolinguistik) ka- 7 di Indonesia. Memang kajian ieu langka keneh nu nalungtik, tahun ka tukang kakara aya 6 Doktor ti 6 universitas di Indonesia kayaning UI (Universitas Indonesia), Universitas Andalas (Padang), Universitas Udayana (Bali), Universitas Hasanuddin (Makasar), jeung Universitas Negeri Jakarta (UNJ), “ Janten abdi nu munggaran di Unpad sareng anu ka- 7 di Indonesia”, cek Riki reueus.
Kajian Neurolingistik, cek Riki mangrupa gabungan antara Linguistik (elmu bahasa) jeung Neurologi (elmu Sarap), Lingustik aspek Basana – laju dipakaitkeun jeung aspek Neurologi atawa sarap, sarta uteuk.