Cek Sumber ti Jawa, Keris Nusantara Asalna ti Para Empu Sunda

- 17 Maret 2021, 10:33 WIB
Keris Sunda nu kasohor Jeung sumebar
Keris Sunda nu kasohor Jeung sumebar /Istimewa/

JURNAL SOREANG- Di  Tanah Sunda sorangan,  tina artepak-artepak mangsa perundagian anu geus kapanggih katilikna teknologi logamna geus maju. Utamana dina mangsa karajaan-karajaan baheula, sapaerti karajaan Sunda anu sentral budayana dina mangsa Tarumanagara (358M),  tah sababaraha abad ti harita, kakara  pindah ka Jawa Tengah jeung Wetan.

Ku kituna   seni tempa logam ge kacida majuna utamana dina mangsa  Karajaan Sunda (669M). Tapi katompernakeun mah nyirorot kasedekeun ku dua karajaan gede Sriwijaya ti Kulon jeung Singasari ti Wetan utamana ku ayana  Ekspidisi Pamalayu (1289 M) ku Kartanegara ka tanah Sunda nepi ka Sumatera.

Ekspedisi Pamalayu mawa pangaruh ka para Empu Tanah Sunda anu kapaksa  hijrah ka luar wilayah Pasundan muru Jawa Tengah jeung Jawa Wetan samalah aya nu meuntas ka sabrang ka  Sumatera nepi sumebar ka sakuliah Nusantara (Untoro, 1979: 80).

Baca Juga: Abah Asep Nugraha: Kasepuhan Sirnaresmi Panceg Ngamumule Budaya Titinggal Karuhun

Ngeunaan Panday (Girang Teupa), kaunggel  dina Koropak 630 ( Sanghiyang Siksa Kandang Karesian),  anu naskahna ditulis taun 1518 M (1440 Saka), dina mangsa pamarentahan Sri Baduga Maharaja / Prabu Siliwangi panguasa Pakuan Pajajaran (1482-1521 M).

Sa(r)wa{wir(a) ning teuteupaan ma telu ganggaman palain:  Ganggaman di sang prabu ma: pedang, abet, pamuk, golok, peso teundeut, keris. Raksasa pina (h) ka dewanya, ja paranti maehan sagala.Ganggaman  sang wong tani ma kujang, baliung, patik, kored, sadap.Detya pina (h) ka dewanya, ja paranti ngala kikicapeun iinumeun. Ganggaman sang pandita ma: kala katri, peso raut, peso dongdang, pangot, pakisi. Danawa pina (h) ka dewanya, ja paranti kumeureut sagala. Nya mana teluna ganggaman palain deui di sang prebu, di sang wong tani, di sang pandita. Kitu lamun urang hayang nyaho di sarean (ana), eta ma panday tanya. …             

(Saniskara hasil tempaan, aya tilu nu bareda (jenis), . Pakarang sang prabu nyaeta: pedang, abet(pecut), pamuk, golok, peso teundeut, keris). Raksasa/buta/yaksa nu dijadikan dewana, sabab digunakeun keur maehan. Senjata /pakakas jalma purah Tani / Pa Tani nyaeta: kujang(kujang panyacar wangunna saperti arit atawa congkrang), baliung, patik, kored, peso sadap. Detya nu dijadikeun dewana, sabab digunakeun pikeun ngala kadaharan jeung inumeun. Pakarang / pakakas sang pandita nyaeta: kala katri, peso raut, peso dongdang, pangot, pakisi. Danawa nu  dijadikeun dewana, sabab digunakeun pikeun kurat-keureut. Nya eta pisan tilu rupa senjata/pakarang/pakakas anu dipake ku  sang prabu,  patani, pandita. Nya kitu, lamun urang hayang nyaho sakabehna, tanyakeun ka panday).

 Baca Juga: Gintingan, Budaya Gotong Royong Perekonomian Urang Sunda

Cek sumber sajarah ti Wetan/ Jawa (sangkan obyektif), logam tamaga, parunggu, jeung beusi geus dipiwanoh di kawasan  Asia Tenggara, kira-kira ti mimiti 1000-500 SM.

Halaman:

Editor: Sarnapi


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x