Seni Rengkong, Tata Cara Masarakat Sunda Heubeul Ngarasanan Pare

- 27 Februari 2021, 12:17 WIB
Rengkong Kasepuhan Cibadak Kabupaten Lebak(poto:Asep GP)
Rengkong Kasepuhan Cibadak Kabupaten Lebak(poto:Asep GP) /

JURNAL SOREANG- Seni Rengkong teh salah sahiji seni tradisi nu lahir ti masarakat agraris Jawa Barat. Kasenian Rengkong  mangrupa seni buhun nu ngagambarkeun tata cara masarakat Sunda heubeul dina ngarasanan pare ti mimiti melak nepi ka panen.                                                                  

Timbulna Seni Rengkong bisa disebutkeun alatan teu ngahaja pedah pedah mangsa harita patani ngakut pare ka leuit cukup ku ditanggung make awi surat/gombong nu disalangan ku injuk. Tah dina keur nanggung pare teh sok timbul sora/wirahma akibat tina gesekan injuk jeung awi tea, lumayan jadi pangbeberah nu keur cape.

Nya ti harita ayana kasenian rengkong. Ngaran Rengkong, taya lian ti ngaran alat pikeun nanggung pare tea. Cara maenkeunana tanggungan nu eusi geugeusan pare (10-20 kg) teh ku nu nanggungna (biasana 5-6 urang), diayun-ayun laju timbul sora memper-memper bangkong nu reang patembalan di sawah. Kalan-kalan mun hayang tarik sorana tambang injukna diolesan ku minyak tanah. Rengkong ge bakal leuwih rame lamun dipirig ku Dogdog Lojor (dogdog panjang) jeung Angklung Buncis.

Baca Juga: Abah Asep Nugraha: Kasepuhan Sirnaresmi Panceg Ngamumule Budaya Titinggal Karuhun                                   

 Seni Rengkong nu ceuk sakaol diwanohkeun di Cianjur taun 60-an ku H. Sopjan, katompernakeun dipintonkeun dina kariaan Agustusan jeung poean penting lianna, rengkong ge dipake dina kariaan rendengan jeung ngabageakeun “Bapa Gede” (pajabat/ tamu agung).

Lian ti kitu rengkong ge nepi ka kiwari dipake keneh dina ritual jeung sukuran panen atawa pesta adat (seren taun) di wewengkon Banten, Sukabumi, Sumedang jeung Bogor, samalah di Banyumas ge dipake sukuran dina mangsa panen (Banyumas baheulana Ciemas, sarua jeung Ciserayu jadi Kali Serayu, ngan kiwari kabawa ka Jawa Tengah, pan).

Tah ningali kasenian Rengkong teh dina “Gelar Budaya Nusantara” Wisuda ISBI Bandung ((8/12/2018),  rengkong bawana Rendi “Lebak Membara”,  ti Kasepuhan Cibadak Kabupaten  Lebak pimpinan Pa Muhammad nu harita datang dibarengan ku Mamad saparakanca, ngawakilan Juardi pupuhuna.

 Baca Juga: Terebang Sejak, Debus ti Kampung Dukuh Cikelet Garut

Cek Muhammad rengkong teh warisan budaya karuhun nu aya pakaitna jeung ngahormat Nyi Pohaci (Dewi Sri /dewi pare), rengkong digelar ku Kaolotan (Kasepuhan) Cibadak Kabupaten Lebak  Amaddalim dina tiap rek “ngibakkeun: Sri ka bumi, ka buana panca tengah nu disbeut “Ngareremokeun”.

Halaman:

Editor: Sarnapi


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x