Cek Sumber ti Jawa, Keris Nusantara Asalna ti Para Empu Sunda

- 17 Maret 2021, 10:33 WIB
Keris Sunda nu kasohor Jeung sumebar
Keris Sunda nu kasohor Jeung sumebar /Istimewa/

Lian ti kitu   migrasi bangsa Yunan (Indochina) ka kapuloan  Nusantara kira-kira taun  1500 SM geus ngawarnaan kabudayaan Nusantara ku kabudayaan tamaga, parunggu, jeung beusi bawa maranehna, anu katelahna  kabudayaan Dongson.

Dina Zaman Beusi di Indonesia loba ngahasilkeun barang-barang pakakas jeung pakarang  mangrupa tumbak, mata panah/paser, pacul, arit jeung wuluku. Ngan ku sabab sipat beusi anu gampang tai hiangan/karatan, sok sanajan ngalayah  tapi titinggalna teu loba nu kapanggih ari lain dina mangsa Undagi/perundagian mah.

 Baca Juga: Terebang Sejak, Debus ti Kampung Dukuh Cikelet Garut

Di  Tanah Sunda sorangan, cek sumber ti Jawa keneh,  tina artepak-artepak mangsa perundagian anu geus kapanggih katilikna teknologi logamna geus maju. Utamana dina mangsa karajaan-karajaan baheula, sapaerti karajaan Sunda anu sentral budayana dina mangsa Tarumanagara (358M),  tah sababaraha abad ti harita, kakara  pindah ka Jawa Tengah jeung Wetan.

Sebut wae Empu Mercukunda, Empu Sunda nu kawentar jeung geus kacida sepuhna anu ngalih jeung mekarkeun  seni tempa/panday di Sumatera saterusna ngabdi di karaton Pagaruyung (Untoro, 1979: 80).

Sedengkeun Empu Manca,  putrana,  ngalih ka Tuban – Jawa Wetan jeung ku sabab  kaparigelanana / kaahlianana nu  hebat tea  dileler anugerah Gosali (tempat digawe panday) ku panguasa di ditu sarta dipernahkeun di muhara walungan Bengawan Solo, anu baheulana mangrupa wewengkon “Watan Mas” urut Karajaan Medang Kamulan.

Baca Juga: Topeng Losari Sohor di Mancanagara, ku Pamarentah Kurang Dipirosea

Nya di dieu pisan anjeunna mangtaun-taun mekarkeun seni tempana nepi ka loba medalkeun murid jeung para putrana anu kawentar, purah nyieun pakarang nu hebat, nepi ka sumebar ka Madura jeung Bali.

Ngalihna para Empu ti Tanah Sunda  ka wewengkon lianna memang loba kaunggel tina sumber-sumber ti Jawa. Lian ti nu disebutkeun di luhur, aya deui anu nyebatkeun aya 800 kulawarga panday beusi ti Pajajaran anu nu parindah ka Majapait, sabada  Majapait Sirna kakara aranjeunna ngalih deui, sumebar ka sakuliah pulo di Nusantara.

Nurutkeun Serat Kanda aya sababaraha ngaran Empu di Majapait, saperti: Empu Sombro,jeung Empu Kenang putra Empu Kuwung. Cek sakaol  Empu Sombro jeung Empu Kuwung muncul mangrupa Ki Ajali guru panday beusi Ciung Wanara (Sang Manarah   salah saurang raja ti dinasti Karajan Galuh anu jadi tokoh carita pantun Ciung Wanara anu kawentar).

Halaman:

Editor: Sarnapi


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x