Jenis-jenis pare teh dipelak tina saparapatna lahan desa nu legana 4.917H, “Eta teh lahan desa pami lahan adat langkung lega , sacara administrasi memang Abah aya di Desa Sirnaresmi namung lahan kasepuhan (Banten Kidul) mah dugi ka ngalingkupan 3 kabupaten, Sukabumi, Bogor, sareng Kabupaten Lebak”, pokna deui.
Kitu deui dina hal Kasenian di Kasepuhan Sirnaresmi bakal kapanggih kasenian-kasenian nu langka kayaning Ngagendek atawa nabeuh lisung teu make pare (Gondang) ,tah make pare mah disebutna Ngarempug, sarta Nutu (nutu pare) keur kaperluan sapopoe. Nu lianna aya Dogdog Lojor (dogdog panjang), Laes(Lais), Debus, Ujungan, Jipeng, Wayang Golek, Toleat, Karinding, jeung Rengkong.
Baca Juga: Jelang Babak Akhir Ikatan Cinta 23 Februari 2021: Perebutan Hak Asuh Reyna, Apa Kabar Tes DNA?
“Insyaalloh Sirnaresmi mah bakal tetep pengkuh ngamumule adat tatali paranti karuhun, moal dugi ka jati ka silih ku junti- ragana moal ka silih ku mangsa. Di Abah dugi kamana ge pasti jalan dilampah tapi pami saena mah dirojong ku pihak pamarentah nu pakait sareng kabudayaan pariwisata”, kitu saur Abah Asep pasti.
Kasepuhan Sirnaresmi, Saur Abah Asep, salila ieu tetep mayeng ngalaksanakeun Seren Taun sok sanajan langka diluuhan ku bupati, tapi berekah cenah masarakat nu datang nyaksian rebuan ti suklakna-ti siklukna, ti poe Rebo nepi ka minggu teh ngageder malah parat nepi ka rebo deui, cindekna badis hajat kariaan jaman karajaan, tujuh poe tujuh peuting.
Nu tangtuna lamun dibungkus (dikemas) kalayan daria jeung dirojong ku pamarentah nu aya pakaitna jeung budaya-parawisata, bakal jadi tujuan wisata budaya nu lain wae bisa ngamumule budaya Sunda tapi bakal ngaronjatkeun perekonomian masyarakat jeung PAD pihak pemkab.
Baca Juga: Banyaknya Tokoh terjerat Kasus UU ITE, Kapolri Keluarkan Surat Edaran, Ini Isinya
Tapi Abah Asep ge cenah teu mopohokeun kana bantuan ti pamarentah, lian ti Sirnaresmi geus dijadikeun wilayah Geopark Ciletuh, pihak balai budaya ge geus mere bantuan (revitalisasi) alat-alat musik Jipeng nu memang umurna geur ratusan taun, titinggal Walanda.
Ngan palebah dina pangayaan gamelan tacan pas jeung kahayang. Gamelan bantuan ti pamarentah najan anyar pasti aya nu sumbang (fals),”Kahoyong mah langkung sae saparangkat gamelan wayang pelog-salendro anu tilas, “Tapi nu tos cicing, anu tos teteg, tos netep, tos dianggo tapi kondisina 80%-90% , tibatan anu enggal tapi sarumbang (fals) mah”, kitu pokna.***