JURNAL SOREANG- Tatar Sunda kawentar loba Kasepuhan/ Kampung Adatna . Sebut wae Kanekes (Baduy) di Kecamatan Leuwi Damar Kabupaten Lebak-Banten, ditambah Kasepuhan Cibadak di daerah nu sarua, terus di Banten Kidul aya Kasepuhan Sirna Resmi (Sabada dipingpin ku Abah Udjat Sudjati (Suwargi), kiwari dipingpin ku putrana, Abah Asep Nugraha), kitu deui Kasepuhan Cipta Gelar ( kiwari dipingpin Abah Ugi Rakasiwi, gegentos Abah Utjup Sutjipta, suwargi) sarta Cisungsang.
Disabudeureun Bandung ge aya sabaraha Kampung Adat, saperti Kampung Adat Cikondang di Desa Lamajang, Pangalengan Kabupaten Bandung, Kampung Adat Cireundeu di Leuwi Gajah, Kota Cimahi nu pengkuh nepi ka kiwari nuang sampeu / singkong (Rasi, Beras Singkong) lain sangu/nasi jiga kalolobanana masarakat di urang, sarta Kampung Adat Mahmud nu religius di Desa Mekar Rahayu, Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung.
Nu lianna sumebar di Rancakalong Kabupaten Sumedang, di Kabupaten Garut aya Kampung Pulo di tengah Situ Cangkuang jeung Kampung Dukuh di daerah Cijambe, Cikelet, Pameungpeuk, ditambah Kabuyutan Ciburuy, di Tasik aya Kampung Naga jeung di Ciamis aya Kampung Kuta.
Baca Juga: Kabar Gembira: Anak Kedua Raditya Dika Lahir, Namanya Kembali Berbau Penulis, Aksara Asa Nasution
Sakabehna boga ciri nu mandiri, budaya buhunna anu euyeub ku sarebu kapamalian / pantrangan teh badis pager weweg tanggoh mangrupa kantong-kantong budaya anu hese ditembus budaya Barat.
Baca Juga: Kearifan Sunda Bisa Cegah Penyebaran Covid-19
Khusus di Kampung Adat Sirnaresmi (Kasepuhan Banten Kidul) tatacara tatanenna geus kawentar kabuktian leuwih “canggih” tibatan tatacara tatanen modern. Tatacara Tatanen di Sirnaresmi mah tara make gemuk/pupuk kimia tapi cukup ku gemuk kandang atawa kompos, sabab tina hasil panalungtikan ilmiah katohyan gemuk kimia mah kalah ka ngaruksak unsur hara, taneuh ge kalah ka jadi teuas teu subur deui.
Disagigireun eta di Kampung Adat nu dipingpin Abah Asep Nugraha ieu ge boga kabiasaan melak lauk di sawah, sabab kabuktian “kokotor” lauk hade pisan pikeun kasuburan sawah.
Atuh dina hal ngolah sawah, utamana dina ngawuluku, urang Kasepuhan nepi kakiwari ge tetep pengkuh ngagunakeun “Lanyam(wuluku kai)” anu memang cocok digunakeun di “lahan basah / sawah”, teu kapangaruhan ku “bajak singkal” anu dibawa ku panjajah Walanda anu kabuktian ngan cocok digunakeun di lahan darat.