Baca Juga: Bupati Bandung Dadang M Naser Berharap Soreang Jadi Kampung Sunda Modern atau Sunda Town
Dina milih binih pare ge teu sagawayah, tara melak bibit unggul anu biasa dipanen 3 kali dina sataunna kawas kiwari, tapi tetep pengkuh melak bibit pare nu “buluan” tungtungna nu dipanen sataun sakali.
Sihoreng pare anu kitu pandena teh “anti manuk piit”. Jadi lamun keur dina mangsa gede pare teh moal dipacokan ku manuk piit jeung manuk lianna da manukna sarieuneun “kacolok” ku bulu pare nu marencos tea.
Cek Abah Asep nepi ka kiwari di Sirnaresmi aya 68 jenis ( basa nu nulis ka Sirnaresmi taun 80-an, aya 80 jenis) pare lokal nu biasa dipelak sataun sakali. Jenis-jenis parena diantarana, Pare Huma, aya bunar, batu, bangban, loyor, jamudin, gadog, ketan kawung, ketan nangka sarta Pare nu biasa dipelak di sawah kayaning sri kuning, cere marilen, cere kawat, cere beureum, cere ruyeg, cere aol. cere gudang, cere segpri, srimahi, gadog, gantang, pare hideung, pare seksek, beureum kadut, ganggarangan, jrrd.
Baca Juga: LBP2 Jabar Minta Kominfo dan Kemdikbud Segera Tutup Situs Kalang Sunda
Atuh Dina hal neundeun pare hasil panen, lian ti boga “leuit desa” anu bisa dicokot(dieclok/diinjeum) ku sakumna warga anu kakurangan pangan dina usum nguyang/paceklik.
Urang Kasepuhan ge ngamilik “leuit(lumbung)” nu canggih , anti beurit jeung anti kutu, jeung nu aheng sok sanajan parena geus diteundeun salila 25 taun tapi tara bau hapeuk jeung bisa dituang sakumaha biasana.
Sabada ditalungtik ku para ahli (Pertanian Unpad), ieu wawangunan tempat neundeun pare nu jangkungna/luhurna tina beungeut taneuh ukur 40 cm, tapi anti kutu, anti beurit jeung anti hapeuk teh sihoreng bahan leuitna make “kayu naga” anu memang anti hama jeung anti beurit sarta tangtu wae ditambah ku konstruksina nu boga ciri nu mandiri, sakumaha “khasna” leuit Sunda.
Baca Juga: Ayo Ikuti Lomba Pembuatan Situs Beraksara Sunda
“Tatali paranti nini-aki atanapi karuhun utamina dina hal tatanen tangtos moal dugi ka dimomorekeun .Melak pare ge masih panen sakali dina sataunna. Tapi alhhamdulillah tiasa nyekapan pangan masarakat kasepuhan”, kitu saur Abah Asep basa panggih dina Festival Budaya Nusantara #3 ISBI Bandung. Harita Bah Asep mawa rombongan Jipeng jeung Rengkong, diogan magelaran dina festival nu nyuguhkeun budaya 6 kampung adat Jawa Barat.