Abah Asep Nugraha: Kasepuhan Sirnaresmi Panceg Ngamumule Budaya Titinggal Karuhun

- 23 Februari 2021, 08:25 WIB
Abah Asep sareng generasi penerusnya.* Foto Asep GP
Abah Asep sareng generasi penerusnya.* Foto Asep GP /

JURNAL SOREANG- Tatar Sunda  kawentar loba  Kasepuhan/ Kampung Adatna . Sebut wae Kanekes (Baduy) di Kecamatan Leuwi Damar Kabupaten Lebak-Banten, ditambah Kasepuhan Cibadak di daerah nu sarua, terus  di Banten Kidul aya Kasepuhan Sirna Resmi (Sabada dipingpin ku  Abah Udjat Sudjati (Suwargi),  kiwari dipingpin ku putrana, Abah Asep Nugraha), kitu deui Kasepuhan Cipta Gelar ( kiwari dipingpin Abah Ugi Rakasiwi, gegentos Abah Utjup Sutjipta, suwargi) sarta Cisungsang.              

Disabudeureun  Bandung   ge aya sabaraha  Kampung Adat, saperti Kampung Adat Cikondang di Desa Lamajang, Pangalengan Kabupaten Bandung, Kampung Adat Cireundeu di Leuwi Gajah, Kota Cimahi nu  pengkuh nepi ka kiwari nuang sampeu / singkong (Rasi, Beras Singkong) lain sangu/nasi jiga kalolobanana  masarakat di urang, sarta Kampung Adat Mahmud nu religius di Desa Mekar Rahayu, Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung.

Nu lianna sumebar di Rancakalong Kabupaten Sumedang, di Kabupaten   Garut aya Kampung Pulo di tengah Situ Cangkuang jeung Kampung Dukuh di daerah Cijambe, Cikelet, Pameungpeuk,  ditambah Kabuyutan Ciburuy, di Tasik aya Kampung Naga jeung di Ciamis aya Kampung Kuta.

Baca Juga: Kabar Gembira: Anak Kedua Raditya Dika Lahir, Namanya Kembali Berbau Penulis, Aksara Asa Nasution

Sakabehna boga ciri nu  mandiri, budaya buhunna anu euyeub ku sarebu  kapamalian / pantrangan teh   badis pager weweg tanggoh  mangrupa kantong-kantong budaya anu hese ditembus budaya Barat.

 Baca Juga: Kearifan Sunda Bisa Cegah Penyebaran Covid-19

Khusus di Kampung Adat Sirnaresmi (Kasepuhan Banten Kidul)  tatacara tatanenna  geus kawentar kabuktian leuwih  “canggih”  tibatan  tatacara tatanen  modern. Tatacara Tatanen di Sirnaresmi mah tara  make gemuk/pupuk kimia tapi cukup ku gemuk kandang atawa kompos, sabab tina hasil panalungtikan ilmiah katohyan gemuk  kimia mah kalah ka ngaruksak  unsur hara,  taneuh ge kalah ka  jadi teuas teu subur deui.

Disagigireun eta  di Kampung Adat nu dipingpin Abah Asep Nugraha ieu ge boga kabiasaan melak lauk di sawah, sabab kabuktian  “kokotor” lauk  hade pisan pikeun   kasuburan sawah.

Atuh dina hal ngolah sawah, utamana dina ngawuluku, urang Kasepuhan nepi kakiwari ge tetep pengkuh ngagunakeun “Lanyam(wuluku kai)” anu memang cocok digunakeun di “lahan basah / sawah”, teu kapangaruhan ku “bajak singkal” anu dibawa ku panjajah Walanda anu kabuktian ngan cocok digunakeun di lahan darat.

 Baca Juga: Bupati Bandung Dadang M Naser Berharap Soreang Jadi Kampung Sunda Modern atau Sunda Town

Dina milih binih pare ge teu sagawayah,  tara melak  bibit unggul anu biasa dipanen 3 kali dina sataunna kawas kiwari, tapi tetep pengkuh melak   bibit pare nu “buluan” tungtungna nu dipanen sataun sakali.

Sihoreng pare anu kitu pandena teh “anti manuk piit”. Jadi lamun keur dina mangsa gede pare teh moal  dipacokan ku manuk piit jeung manuk lianna da manukna sarieuneun “kacolok” ku bulu pare nu marencos tea.  

Cek Abah Asep nepi ka kiwari  di Sirnaresmi aya 68 jenis ( basa nu nulis ka Sirnaresmi taun 80-an,  aya 80 jenis) pare lokal nu biasa dipelak sataun sakali. Jenis-jenis parena diantarana,  Pare Huma, aya   bunar,  batu,  bangban,  loyor,  jamudin,  gadog,  ketan kawung, ketan nangka sarta Pare nu biasa dipelak di sawah kayaning  sri kuning, cere marilen,  cere kawat,  cere beureum,  cere ruyeg,  cere aol. cere gudang,  cere segpri, srimahi,  gadog,  gantang, pare hideung,  pare seksek, beureum kadut,  ganggarangan, jrrd.

Baca Juga: LBP2 Jabar Minta Kominfo dan Kemdikbud Segera Tutup Situs Kalang Sunda

Atuh Dina hal neundeun pare hasil panen, lian ti boga “leuit desa” anu bisa dicokot(dieclok/diinjeum) ku sakumna warga anu kakurangan pangan dina usum nguyang/paceklik.                                             

Urang Kasepuhan ge ngamilik    “leuit(lumbung)” nu canggih ,   anti beurit  jeung anti kutu, jeung nu aheng sok sanajan parena geus diteundeun salila 25 taun tapi tara bau hapeuk jeung bisa dituang sakumaha biasana.                                           

Sabada ditalungtik ku para ahli (Pertanian Unpad), ieu wawangunan tempat neundeun pare nu jangkungna/luhurna  tina beungeut taneuh  ukur 40 cm, tapi anti kutu, anti beurit jeung anti hapeuk teh sihoreng bahan leuitna make “kayu naga” anu memang anti hama jeung anti beurit sarta tangtu wae ditambah ku konstruksina nu boga ciri nu mandiri, sakumaha “khasna” leuit Sunda.

 Baca Juga: Ayo Ikuti Lomba Pembuatan Situs Beraksara Sunda

“Tatali paranti  nini-aki atanapi karuhun utamina dina hal tatanen  tangtos moal dugi ka dimomorekeun .Melak pare ge masih  panen sakali dina sataunna. Tapi  alhhamdulillah tiasa nyekapan pangan  masarakat kasepuhan”, kitu saur Abah Asep basa panggih dina Festival Budaya Nusantara #3 ISBI Bandung. Harita Bah Asep mawa rombongan Jipeng jeung Rengkong, diogan magelaran dina festival nu nyuguhkeun budaya 6 kampung adat Jawa Barat.

Jenis-jenis pare teh dipelak tina saparapatna lahan desa nu legana  4.917H, “Eta  teh lahan desa pami  lahan adat langkung lega , sacara administrasi memang Abah aya di Desa Sirnaresmi  namung lahan kasepuhan (Banten Kidul) mah dugi ka ngalingkupan 3 kabupaten,  Sukabumi, Bogor, sareng Kabupaten Lebak”, pokna deui.

Kitu deui dina hal Kasenian di Kasepuhan Sirnaresmi bakal kapanggih kasenian-kasenian nu langka kayaning Ngagendek atawa nabeuh lisung   teu make pare (Gondang) ,tah make pare mah disebutna  Ngarempug, sarta Nutu (nutu pare)  keur  kaperluan sapopoe. Nu lianna aya Dogdog Lojor (dogdog panjang), Laes(Lais), Debus, Ujungan,  Jipeng,   Wayang Golek, Toleat,  Karinding, jeung Rengkong.

Baca Juga: Jelang Babak Akhir Ikatan Cinta 23 Februari 2021: Perebutan Hak Asuh Reyna, Apa Kabar Tes DNA?

“Insyaalloh  Sirnaresmi mah bakal  tetep pengkuh ngamumule adat tatali paranti karuhun,  moal dugi ka jati ka silih ku junti- ragana moal  ka silih ku mangsa. Di Abah dugi kamana ge pasti jalan dilampah tapi pami saena mah dirojong ku pihak pamarentah nu pakait sareng kabudayaan pariwisata”, kitu saur  Abah Asep pasti.

Kasepuhan Sirnaresmi, Saur Abah Asep,  salila ieu tetep mayeng ngalaksanakeun Seren Taun sok sanajan langka diluuhan ku bupati,  tapi berekah cenah masarakat  nu datang nyaksian  rebuan ti suklakna-ti siklukna, ti poe  Rebo nepi ka minggu teh  ngageder malah parat nepi ka rebo deui, cindekna badis  hajat kariaan jaman karajaan, tujuh poe tujuh peuting.

Nu tangtuna lamun dibungkus (dikemas) kalayan daria jeung dirojong ku pamarentah nu aya pakaitna jeung budaya-parawisata,  bakal jadi tujuan wisata budaya nu lain wae  bisa ngamumule budaya Sunda tapi bakal ngaronjatkeun perekonomian masyarakat jeung PAD pihak pemkab.

Baca Juga: Banyaknya Tokoh terjerat Kasus UU ITE, Kapolri Keluarkan Surat Edaran, Ini Isinya

Tapi Abah Asep ge cenah teu mopohokeun kana bantuan ti pamarentah, lian ti Sirnaresmi geus dijadikeun wilayah Geopark Ciletuh, pihak balai budaya ge geus mere bantuan (revitalisasi) alat-alat musik Jipeng nu memang umurna geur ratusan taun, titinggal Walanda.

Ngan palebah dina pangayaan gamelan tacan pas jeung kahayang. Gamelan bantuan ti pamarentah najan anyar pasti aya nu sumbang (fals),”Kahoyong mah langkung sae saparangkat gamelan wayang  pelog-salendro anu tilas, “Tapi nu tos cicing, anu tos teteg, tos netep, tos dianggo tapi kondisina 80%-90% , tibatan anu enggal tapi sarumbang (fals) mah”,  kitu pokna.***

Editor: Sarnapi


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah