JURNAL SOREANG- Urang Sunda utamana di pilemburan geus kawentar ti baheula budaya gotong royongna, silih tulung - tinulungan jeung sasamana tina sagala karerepet hirup geus jadi hal nu biasa.
Sok sanajan kiwari zaman geus robah kasilih ku globalisasi jeung abad digital nu ngajadikeun masarakat jadi individualis aing-aingan, tapi berekah masih keneh aya masyarakat Sunda nu mertahankeun keneh budaya gotong royong warisan ti karuhun . Dina nyieun imah upamana urang Kanekes (Baduy) mah nepi ka kiwari ge kolot-budak, awewe-lalaki sacabak-sacabakna milu aub babantu bari tara marenta bayaran. Hal kitu ge bisa kapanggih keneh di desa-desa adat/kasepuhan.
Baca Juga: Dijamin Ngakak, Cerita Lucu Ariel Noah, Tukang Becak dan Sundel Bolong
Di sababaraha kampung adat ge saperti di Sirnaresmi jeung Ciptagelar (Kasepuhan Banten Kidul) aya Leuit Desa, jadi dina mangsa usum nguyang/paceklik masarakatna nu teu boga beas teh bisa “ngeclok/nginjeum”, da teu meunang ngajual-beulikeun beas di dinya mah, pamali.
Tah pola-pola gotong royong nu saperti kitu teh di wewengkon Subang ge aya nyaeta nu sok disebut “Gintingan”. Lamun kaparengkeun nganjang diondang ka nu hajat di wewengkon Subang saperti di Kacamatan Subang, Pagaden, Binong, Pamanukan, Kalijati, Purwadadi, pasti bakal ngarasa aheng.
Lantaran aya nu disebut “Gintingan” nyaeta sistem ekonomi tradisional nu berbasis gotong royong ngagunakeun pola arisan, dimana pihak nu boga hajat jadi pihak nu “boga hutang (debitur)” jeung pihak nu nyumbang (baca, nyimpen, neundeun/nginjeumkeun) jadi pihak nu “ngahutangkeun (kreditur)”.
Baca Juga: Abah Asep Nugraha: Kasepuhan Sirnaresmi Panceg Ngamumule Budaya Titinggal Karuhun
Tah lamun dina hiji waktu sipihak kreditur (nu nyumbang/ nu ngahutangkeun) ngayakeun hajat, si pihak debitur (nu boga hutang) teh wajib malikeun deui barang injeumanana sapangaji jeung nu disumbangkeun/diinjeumkeun ka manehna baheula.
Tah nya nu kitu nu disebut Gintingan teh. Gintingan anu asal kecapna tina Gantangan/Gantang cek Endah Irawan (1999), mangrupa hajatan kalayan ngagunakeun sistem arisan, atawa sistem ekonomi tradisional mangrupa simpenan kiridit beas dina hajatan (Yanu Endar Prasetyo:2008).
Ari kecap “Gantang”, masih cek Endah Irawan: “Gantang “(Indonesia, Malaya, Brunei) atawa “Ganta” (Philipina) hartina: 10 leter beas/8,38-8,57 leter beas (Indonesia nurutkeun PBB:1966)/2,419 kg (Sabah & Sarawak)/3,63-4,5461 leter beas (Brunei)/3 leter beas (Philipina)/.variasi liana: Palembang(4,91 leter), Batavia (9,595 leter), makasar 5, 01 leter-domestik), 7,49 leter (eksport), Borneo (13 leter).
Baca Juga: Mendapat Tambahan Modal 5 Milyar, Luthfi: BPR Harus Bisa Atasi Permasalahan Bank Emok
Gintingan ge dijadikeun bahan disertasi S3 (Program Doktoral) di Universitas Leiden (Walanda) ku Kurniawan Safullah alumni Manajemen Koperasi Fakultas Ekonomi Unpad. Gintingan ge kungsi diadurenyomkeun dina acara Halal Bihalal INRIK Unpad di Gedong PPS-LPPM Unpad hariyta mah di Jalan Banda Bandung keneh.
Sabenerna Gintingan geus dijadikeun studi ku sababaraha akademisi saperti Endah Irawan (1999), “Sistem Gintingan dalam Hajatan terhadap kelangsungan Ekonomi dan Perkembangan Kesenian Tradisional di daerah Kabupaten Subang, Laporan Penelitian, STISI Bandung”, atawa ku Kurnata Wijaya (2010) ‘Kondangan’ Sisten ‘Narik Gintingan’ dalam Perspektif Hukum Islam (Studi Kasus di Desa Citrajaya Kecamatan BinoKabupaten Subang, Skripsi UIN Sunan Kalija Yogyakarta”, aya deui Prasetyo Y.E .(2012). “Komersialisasi Sosial di Pedesaan: Studi Terhadap Modal social Gantangan Tiga Desa Miskin di Kabupaten Subang, Tesis Magister Program Studi Sosiologi Pedesaan. Institut Pertanian Bogor, jeung Hokky Situngkir & Yanu Endar Prastyo (2012). “On Social and Economic Spheres An observation of “Gantangan” Indonesian tradition, Munich Personal RePEc Archives (MPRA) Paper, Paper No39671”.
Sacara kasajarahan, cek Kurniawan tina hasil wawancara jeung nara sumber, Gintingan geus aya ti jaman Jepang (taun 40-an), malah bisa jadi leuwih lawas deui, sabab geus lila ngabudaya di lingkungan patani basisir kaler, nya kamumule ku urang Subang nepi ka kiwari.
Baca Juga: Bupati: Bank Emok Adalah Aliran Sesat
Di Priangan Wetan ge aya nu sakarupa jeung Gintingan the nyaeta “(beas) Perelek” ngan perelek mah sipatna leuwih loyog keur kapentingan publik saperti keur buruh nu ngaronda, keur ngaliwet , kopi, jeung rokona, malah di Pagaden mah geus diganti ku duit sarebu perak/imah.
Balik deui kana Gintingan, tah kumaha upamana lamun aya nu teu mayar? Nya kapaksa we cenah kudu narima sangsi sosial, tapi teu kabaud kana hukum atawa konplik sosial, pangbeuratna ge ukur disieuhkeun (dikucilkeun/disingkahkeun) tina kagiatan masarakat.
Ku ayana Gintingan positipna masarakat tetep miara kana tradisi has padesaan “gotong royong”, tapi nu ngaranna “Perbankan” ulah miharep bisa asup ka wewengkon “Gintingan”.
Ngan aya unsur negatipna cenah, hasil Gintingan ge sok dipake ngiridit/meuli motor nu engkena dipake ngojeg, “Tapi ahirna mah ketang diwangsulkeun deui kana prilaku masarakatna we, bade dianggo leres tiasa bade dianggo negatif tiasa, sareng kapanan jaman kiwari mah jalmina ge tos aing-aingan sareng egois.
Tah saena mah pamarentah ge tiasa ngarojong ngahangkeutkeun deui sistem perekonomian tradisional berbasis gotong royong sapertos Gintingan ieu”, kitu cek Kurniawan anu kungsi nyuprih program Master Ekonomi di Malaya.***