Hebring, Gerpis Melak Pare Make Tehnik Warisan Karuhun Hasilna Sakali Tandur Bisa 5 Kali Panen

- 18 Maret 2021, 13:39 WIB
Gerakan Pilhan Sunda (Gerpis) ngagelar acara seremonial panen pare dina sawah garapanna di Ciherang Jalan Raya Soreang- Banjaran Kabupaten Bandung
Gerakan Pilhan Sunda (Gerpis) ngagelar acara seremonial panen pare dina sawah garapanna di Ciherang Jalan Raya Soreang- Banjaran Kabupaten Bandung /ASEP GP/

JURNAL SOREANG- Warisan  budaya karuhun Sunda lamun diimeutan mah  kacida luhungna. Contona dina hal  tatacara tatanen (pertanian),  geus kabuktian leuwih “maju” ti batan tatacara tatanen  modern  bangsa deungeun. 

Upamana wae  tatacara ngolah tatanen nu kapanggih di masarakat  Kanekes (Baduy) nu kawentar bisa ngagemuk / ngarangsang tumuwuhna binih pare” pare ku  musik angklung, aya deui masarakat lianna nu biasa ngusir hama ku sora Karinding  atawana masarakat Kasepuhan Sirnaresmi  (Kasepuhan Banten Kidul) nu  geus biasa melak tutuwuhan di lahan  gawir nu  gurawes  anu pamohalan bisa dipigawe ku sistem tatanen modern.

Gemukna ge ku gemuk kandang atawana kompos lain gemuk kimia anu matak ngaruksak suburna taneuh jeung unsur hara lianna. Sawah ge sok dihaja dipelakan lauk pikeun nyuburkeun taneuhna.

 Baca Juga: Gintingan, Budaya Gotong Royong Perekonomian Urang Sunda

Tah warisan budaya karuhun nu model kitu ku para nonoman jeung inohong Sunda anu kalibet dina organisasi Gerakan Pilihan Sunda, utamana Pokja Agraria,  dimekarkeun deui. Sabab kabuktian mangpaatna gede pisan pikeun hirup-huripna manusa dina zaman ayeuna jeung kahareupna.

Kabuktian tanggal 11 Maret 2021 bareng jeung poean mieling  Isra’ Mi’raj Nabi Muhammad SAW 12 Rajab 1442H, Gerakan Pilhan Sunda (Gerpis) ngagelar acara seremonial panen pare dina sawah garapanna di Ciherang Jalan Raya Soreang- Banjaran Kabupaten Bandung (Kolam Renang Islam Ciherang Indah).

Harita rawuh  di antarana, Presdien Gerpis Andri Perkasa Kantaprawira,   Ir Dadang Muhammad Hadiguna,  Eep S Maqdir,  Asep Maung,  Nuri Ispanji,  Dra.Hj. Eni Sumarni, Mkes,   A. Najib Qudratullah- Dr. Iwa Kuswaeri RWS, Avi Taufik Hidayat,  Dr. Nina  Kurnia Hikmawati, Dr. Husin Al Banjari, Wan Trah Kunci Iman, jrrd.    

Baca Juga: Cek Sumber ti Jawa, Keris Nusantara Asalna ti Para Empu Sunda

Anu narik dina melak parena make teknik  “Salibu”, ahengna ku ngagunakeun tatacara ieu, cukup sakali melak /  tandur bisa panen sababaraha kali .                                                

Halaman:

Editor: Sarnapi


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x