JURNAL SOREANG- Urang Sunda utamana di pilemburan geus kawentar ti baheula budaya gotong royongna, silih tulung - tinulungan jeung sasamana tina sagala karerepet hirup geus jadi hal nu biasa.
Sok sanajan kiwari zaman geus robah kasilih ku globalisasi jeung abad digital nu ngajadikeun masarakat jadi individualis aing-aingan, tapi berekah masih keneh aya masyarakat Sunda nu mertahankeun keneh budaya gotong royong warisan ti karuhun . Dina nyieun imah upamana urang Kanekes (Baduy) mah nepi ka kiwari ge kolot-budak, awewe-lalaki sacabak-sacabakna milu aub babantu bari tara marenta bayaran. Hal kitu ge bisa kapanggih keneh di desa-desa adat/kasepuhan.
Baca Juga: Dijamin Ngakak, Cerita Lucu Ariel Noah, Tukang Becak dan Sundel Bolong
Di sababaraha kampung adat ge saperti di Sirnaresmi jeung Ciptagelar (Kasepuhan Banten Kidul) aya Leuit Desa, jadi dina mangsa usum nguyang/paceklik masarakatna nu teu boga beas teh bisa “ngeclok/nginjeum”, da teu meunang ngajual-beulikeun beas di dinya mah, pamali.
Tah pola-pola gotong royong nu saperti kitu teh di wewengkon Subang ge aya nyaeta nu sok disebut “Gintingan”. Lamun kaparengkeun nganjang diondang ka nu hajat di wewengkon Subang saperti di Kacamatan Subang, Pagaden, Binong, Pamanukan, Kalijati, Purwadadi, pasti bakal ngarasa aheng.
Lantaran aya nu disebut “Gintingan” nyaeta sistem ekonomi tradisional nu berbasis gotong royong ngagunakeun pola arisan, dimana pihak nu boga hajat jadi pihak nu “boga hutang (debitur)” jeung pihak nu nyumbang (baca, nyimpen, neundeun/nginjeumkeun) jadi pihak nu “ngahutangkeun (kreditur)”.
Baca Juga: Abah Asep Nugraha: Kasepuhan Sirnaresmi Panceg Ngamumule Budaya Titinggal Karuhun
Tah lamun dina hiji waktu sipihak kreditur (nu nyumbang/ nu ngahutangkeun) ngayakeun hajat, si pihak debitur (nu boga hutang) teh wajib malikeun deui barang injeumanana sapangaji jeung nu disumbangkeun/diinjeumkeun ka manehna baheula.
Tah nya nu kitu nu disebut Gintingan teh. Gintingan anu asal kecapna tina Gantangan/Gantang cek Endah Irawan (1999), mangrupa hajatan kalayan ngagunakeun sistem arisan, atawa sistem ekonomi tradisional mangrupa simpenan kiridit beas dina hajatan (Yanu Endar Prasetyo:2008).