Bahasa Sunda Bisa Nyageurkeun Pasen Afasia

- 5 Maret 2021, 10:32 WIB
Dr. Riki Nasrullah
Dr. Riki Nasrullah /ASEP GP/

 JURNAL SOREANG- Afasia teh nyaeta  jalma nu teu bisa cumarita atawa leungit kompetensi basa/bahasana tina akibat jalan getih uteuk kencana kapendet, teu lancar. Biasana kaalaman ku pasen korban tabrakan.

Tanda-tanda jalma katerap Afasia biasana hese ngomong/cacarita, arapap eureup eup    leungit vokalna  . Dina saacanna gering bisa nyebut buku tapi sanggeus katerap Afasia teu bisa ngomong nanaon.                                                                                  Tapi  aheng sabada pasen Afasia  diajak ngobrol ku basa Sunda jadi gancang cageur.Bener ieu mah hal nu ilmiah,  hasil kajian Disertasi Riki Nasrullah nu geus hasil dipertahankeun dina Sidang Promosi Doktor secara Daring, (30/9/2020).

 Baca Juga: Abah Asep Nugraha: Kasepuhan Sirnaresmi Panceg Ngamumule Budaya Titinggal Karuhun

Riki  nu diaping(dipromotoran) ku Prof. Dadang Suganda,  jeung Dr. Wagiati, M.Hum,  geus tinekanan ngaraeh gelar Doktor dina Bidang Ilmu Sastra Konsentrasi Linguistik di Universitas Padjadjaran, kalayan predikat Cumlaude (Meunang Pujian).                                   

Riki geus hasil mertahankeun Disertasina, “ EKSPRESI VERBAL, POLA PEMULIHAN KOMPETENSI BAHASA, DAN EFEK TRANSFER LINTAS LINGUISTIK PADA PASIEN AFASIA BILINGUAL SUNDA-INDONESIA: KAJIAN NEUROLINGUISTIK”, di hareupeun para tim panguji  (oponen ahli) kayaning Nani Darmayanti, Ph.D., Dr. Wahya, M.Hum,  jeung Dr. Vitriana Biben, dr., Sp.KFR. (K).

Dina sidang harita rawuh  Dekan FIB (Fakultas Ilmu Budaya) Yuyu Yohana Risagarniwa, M.Ed., Ph.D , salaku Ketua Sidang dan Dr.Mumuh Muhsin Z., M.Hum salaku Sekretaris sarta Refresentasi Guru Besar oleh Pro.Dr. Eva Tuckyta Sari S., M.Hum.

 Baca Juga: Terebang Sejak, Debus ti Kampung Dukuh Cikelet Garut

Dina kajian ieu Riki  minangka Doktor Linguistik – Neurologi (Neurolinguistik) ka- 7 di Indonesia. Memang kajian ieu langka keneh nu nalungtik, tahun ka tukang kakara aya 6 Doktor ti 6 universitas di Indonesia kayaning  UI (Universitas Indonesia), Universitas Andalas (Padang), Universitas Udayana (Bali),  Universitas Hasanuddin (Makasar), jeung  Universitas Negeri Jakarta (UNJ), “ Janten abdi nu munggaran di Unpad sareng anu ka- 7 di Indonesia”, cek Riki reueus.

Kajian Neurolingistik, cek Riki mangrupa gabungan antara Linguistik (elmu bahasa) jeung Neurologi (elmu Sarap),  Lingustik aspek Basana –  laju dipakaitkeun jeung aspek  Neurologi atawa  sarap,  sarta uteuk.

Riki mere conto, dina kasus  tabrakan si korban ngalaman pendarahan di uteuk kencana, kapendet, akibatna   si korban kaganggu cacaritana. Nu tadina nyaritana lancar ku lantaran  aya  pendarahan di uteukna jadi kapendet,  alhasil kompetensi basana ge ilang,   eta jalma katerap Afasia.

 Baca Juga: Seni Rengkong, Tata Cara Masarakat Sunda Heubeul Ngarasanan Pare

Tapi Afasia dina kajian disertasi Riki,  leuwih diarahkeun kana Afasia bilingual  Sunda – Indonesia, atawa jalma nu bisa nyarita dina dua basa, Sunda jeung basa Indonesia.

Riki manggihan pasen ngaranna  AS  pituin   Sunda nu lila dumuk  di Jakarta. Dina hiji waktu manehna katarajang  stroke, aya pendarahan di uteukna, nya ti harita manehna jadi teu bisa nyarita,  kaparigelan basana ilang jeung kacow. 

Rek nyebut Sapi ge malah nyebut nu lain-lain, atawa malah ngan ukur arapap eureup eup. Kitu deui nalika rek nyebut Hayam Jago kalah ka nyebut Hayam Patin,  “Kacow pisan nyariosna. Boh aspek sora/vocal kaasup kalimahna kacow. Gara-gata stroke, aya pendarahan  di uteukna, dugi ka ngalaman Afasia,  ieu bahaya, “ Cek Riki daria.                                    

 Baca Juga: Gintingan, Budaya Gotong Royong Perekonomian Urang Sunda

Pikeun ngungkulan eta  kasakit sabenerna, cek Riki,  Kementerian Kesehatan ge geus nyieun   aturan baku ngeunaan tata laksana ngungkulan pasien Afasia. (Peraturan Menteri Kesehatan Republik Indonesia Nomor 81 Tahun 2014 tentang standar pelayanan terapi wicara-Kementerian Kesehatan RI, 2014).

“ Mung abdi nilik aya keneh kakiranganana. Nalika  pasen lebet ka rumah sakit anjeunna langsung diterapi ku basa Indonesia padahal eta pasen sadidintenna nganggo basa Sunda. Tah aspek kedekatan (bahasa) eta anu dimaksad aspek Familiaritas teh,  janten pami diterapi ku basa nu dianggo sadidinten ku pasen anu tos dalit, bakal enggal damang deui,” cek Riki tandes.

Editor: Sarnapi


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x