Terebang Sejak, Debus ti Kampung Dukuh Cikelet Garut

25 Februari 2021, 17:31 WIB
Abah Yayan(kenca) jeung Agus Sapei keur atraksi Debus(Potret:Asep GP). /

 JURNAL SOREANG- Kasenian Debus sihoreng teu ngan ukur aya di wewengkon Banten, tapi di Kampung Adat Dukuh,  Desa Cijambe,  Kacamatan Cikelet, Kabupaten Garut,  Debus kapanggih dina “Terebang Sejak” nu umurna geus ratusan taun. Nu matak sok dingaranan  Terebang Debus.                                                                                  Kampung Dukuh diadegkeun ku Syekh Abdul Djalil dina abad ka-17 nepi ka kiwari ge tetep pengkuh nyekel adat tatali paranti ti karuhunna, jadi ulah helok lamun di Dukuh taya panerangan listrik, radio, televisi, jumlah imah ge diwatesanan ukur 40,   kulawadet nu hayang ngamukim di eta wewengkon wayahna kudu ngababakan.     

Di Dukuh ge loba pantrangan jeung kapamalian, sakabeh pamukim atawa nu nyemah kadinya teu meunang nyanghunjar ka Kaler (sabab makam Syekh Abdul Jalil ayana di kalereun lembur), kitu deui kiih bari nangtung mah dipahing pisan, urang dinya ge teu meunang make perhiasan jeung jadi pagawe negeri, baheula kitu ge basa nu nulis nganjang kadinya (84) dina mangsa Mama Bandi, pamingpin/sesepuh Kampung Adat Dukuh jumeneng keneh. Duka teuing kiwari mah.         

Baca Juga: Gintingan, Budaya Gotong Royong Perekonomian Urang Sunda

Tapi katlikna mah nepi ka kiwari ge adat tatali paranti  karuhunna kamumule keneh,  kaasup kasenian Terebang Sejak / Terebang Debusna,  dikokolakeun keneh ku generasi panerusna.

Nyaksian Terebang Sejak deui teh dina Festival Budaya Nusantara ka-3 taun 2019  di Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung. Angger we matak paur nu nyaksian.

Bedog seukeut jeung panjang kuat ka digeresel-gereselkeun kana beuheung, kana bitis, kana pipi, malah dipake nyisit letah. Sakabeh nu  lalajo di dinya kuat ka tingparuringis jeung meureungpeun palaureun, tapi aheng taya nu raheut, taya getih sakeclak ge.                                             

Baca Juga: Abah Asep Nugraha: Kasepuhan Sirnaresmi Panceg Ngamumule Budaya Titinggal Karuhun

Salila magelaran, sora terebang jeung dogdog ngageder mirig nu solawatan, nu atraksi ge beuki maceuh. Lung pamingpin rombongan, Abah Yayan Hermawan ngalungkeun kalapa nu menang ngajampean ka Kang agus Syapei nu awakna bayuhyuh, ku Agus langsung dipesek ku huntu nepi ka beresih taya tapasna.

Laju Agus nangkarak bengkang beuteungna diteundeunan samangka dipake talenan,   teu antaparah deui crak! Abah Yayan meulah samangka dina beuteung  Agus, kuat ka jadi beulah dua, tapi taya nu raheut taya getik sakeclak ge.

Terus pating arengklak deui. Abah Yayan top kana awi hideung keplas-keplas ditigas bedog seukeut, kuriwel hinisna dicokot laju di kesetkeun kana pipi jeung beuheungna, laju seseukeut awi sesa nigas teh diteueulkeun kana beuteungna,  taya nu raheut,  taya getih sakeclak.

Baca Juga: Terpuruk, Ikon Seni Budaya Jawa Barat Saung Angklung Udjo harus Diselamatkan, Seniman Budayawan Angkat Suara

Cek  Abah Yayan Terebang Sejak geus aya di Kampung Dukuh ti mangsa abad ka-17, zaman karuhunna Syekh Abdul Djalil jumeneng keneh, tapi sipatna harita mah keur upacara kaagamaan.

Terbang Sejak ge kungsi kateug, kakara dina abad ka-19 dimekarkeun deui ku Aki Sanukri jadi seni hiburan rayat, nepi ka kawentar ka sakuliah Garut. Abah Yayan mah   minangka generasi ka-4,  ti pawaris samemehna nyaeta Abah Ason jeung Abah Ayin. 

“ Sim kuring sareng urang Dukuh insya Alloh moal dugi ka ngamomorekeun seni budaya warisan karuhunna. Sok sanaos seni budaya modern nuju santer sumelendep ka pilemburan tapi warga Dukuh moal kapangaruhan ku budaya luar, tekad kuring tos buleud seja ngajaga-ngariksa ngamumule seni budaya karuhun. Margi seni mah tiasa ngicalkeun kapusing sareng kanggo hiburan. Komo Terebang Sejak mah aheng,  budak sunat dihibur ku Terbang Sejak, tara kaluar getih, janten enggal damangna, “ cek Abah Yayan, pasti.***

Editor: Sarnapi

Tags

Terkini

Terpopuler