Teks Khutbah Idul Fitri 2021 Bahasa Sunda: Shaum Ngalatih Ngendalikeun Diri

- 11 Mei 2021, 16:42 WIB
Teks khutbah Idul Fitri dengan bahasa Sunda
Teks khutbah Idul Fitri dengan bahasa Sunda /

Ti mimiti panon poe surup dina poe kamari kaum muslim nyambut datangna hari raya “idul Fitri ku ungkapan kalimat TAKBIR, TAHLIL jeung TAHMID patarema, patarembalan ngaguruh lir hujan silantang, minuhan jagat raya, rasa gumbira jeung bungah ieu di ekspresikeun ku ungkapan kalimah thoyyibah.

Baca Juga: Teks Ceramah Ramadhan 2021: 10 Amalan yang Dicontohkan Rasulullah Menjelang Idul Fitri

Ucapan TAKBIR nembongkeun sikap rendah hate, rendah diri, rumasa yen kanyataan nana urang kacida leutik jeung hina di payuneun Alloh Swt nu Maha Gagah tur Agung, kusabab eta teu layak urang miboga sikap takabur sombong adigung adiguna.

Ucapan TAHLIL mangrupakeun wujud tina sikap satia jeng yakin yen ngan Alloh robbul ‘izzati anu kudu disembah jeung dipenta tulung, salian Alloh teu aya nu hak di sembah, dipuja jeung dipuji sanajan manehna hebat berpangkat jeung terhormat.

Ucapan TAHMID mangrupakeun ungkapan rasa syukur ka Robbul Ghofur anu tos ngalimpahkeun karunia jeung kanikmatan anu teu aya papadana, boh nu karaos atawa nu teu karaos, boh ni’mat hirup, ni’mat rizki, ni’mat sehat wal ‘afiat terutama ni’mat iman jeung islam, sehingga urang masih mampu ngalaksanakeun parentah nyaeta ibadah ka manteunna.

Baca Juga: Teks Ceramah Ramadhan 2021: Lima Amalan yang Dicontohkan Rasulullah Menyambut Idul Fitri

Tah ieu sadayana ngarupakeun wujud nyata tina pidawuh Alloh Swt anu ka unggel dina surat Al-Baqoroh 185:

“Jeung geura sampurnakeun bilangan nana (sabulan), jeung agungkeun Alloh (Takbir) sabab ku perantaraan pituduh Alloh,mudah-mudahan aranjeuna kabeh kaasup golongan anu tukang syukur.”

Allohu Akbar Walilahilham Ma’asyirol muslimin rohimakumullah,

Ibadah puasa ramadhan lain ngan ukur kawajiban anu wajib dilaksanakeun ku sadaya muslim sataun sakali atawa rutinitas ritual wungkul, tapi leuwih jauh ti eta, ngandung ma’na jeung hikmah anu penting, nyaeta bulan romadhon mangrupakeun SYAHRUN MU’ARIDUN  bulan latihan ngendalikeun diri tina ajakan hawa nafsu, bulan latihan disiplin ruhani latihan sabar dina raraga ngalaksanakeun parentah Alloh SWT. latihan ngendalikeun diri tina hawa nafsu, boh nafsu makan, syahwat atawa nafsu amarah, sabab diantara kasampurnaan manusa dibanding jeung makhluk sejen nyaeta dibere kalengkapan, disagigireun jasad ruh oge dibere akal jeung nafsu, ngan kudu diupayakeun hirup urang ulah dikendalikeun jeung disetiran ku nafsuna, sabab sanajan nafsu ieu perlu jeung aya manfaatna keur ngadorong manusa sangkan boga kahayang, tapi cenderung gegedena nafsu mah ngadorong kana kagorengan jeung kamungkaran.

Halaman:

Editor: Sarnapi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x