Tembang Sunda Cigawiran, Ngahijikeun Budaya Arab, Pasantren Jeung Budaya Sunda

5 April 2021, 07:38 WIB
R.Iyet Dimyati tokoh Tembang Cigawiran /ASEP GP/

JURNAL SOREANG- Aya 3 jenis tembang nu kawentar di Tatar Sunda, Cianjuran, Ciawian, jeung Cigawiran.Heuseus Cigawiran mah hirupna di wewengkon pasantren (Cigawir, Selaawi,  Garut). Anu nyiptakeunana Raden Achmad  Djalari, ku urang Limbangan mah sok pada nyarebat Ajengan/Eyang Djalari, anjeunna teh putra Kapala Pakauman Malangbong Raden Surajuda.                                                 

 Keur jajaka keneh R. Achmad  Djalari masantren ka Cicalengka, sarta neraskeun ngalengkepan elmuna  “ngetan” masantren ka Jawa Wetan. Alam harita mah geus lumrah calon-calon ulama ti  Tatar Sunda sok ngadon masantren  ka Jawa Tengah atawa Jawa Wetan.  

Para Kiai anu kasebut moyan elmuna di urang, umumna  kungsi masantren di Gresik atawa Ampel, Surabaya. Hal ieu bisa dibuktikeun ku ayana kitab tapsir basa Jawa nu aya keneh di sabaraha pasantren kahot.

RadenAchmad Djalari satutasna ngaraos hatam nyuprih elmuna, mulang ka tempat asalna sarta kalawan pangjurung ramana anjeunna teras bubuara di Desa Cigawir (baheula bawahan keneh  Limbangan).

Nu saterasna ngadegkeun masjid jeung pondok pikeun para santrina, nya  nelah nepi ka ayeuna Kampung Pasantren, Sarta anjeunna jadi ajengan di Kampung Pasantren.

Nalika nuju masantren  sajaba ti kasengsrem ku elmu agama, R. Achmad Djalari resep ku lalaguan.. Di Pasantren Cicalengka, pami nuju nyalse,  remen anjeunna   ngahaleuangkeun  Kidung atawa lagu-lagu (pupuh) dina Dangdanggula. Salian ti kitu eta calon Ulama teh sok rajeun nengetan lalaguan lagam Arab jeung Mesir.

Baca Juga: Terebang Sejak, Debus ti Kampung Dukuh Cikelet Garut

Baca Juga: Abah Asep Nugraha: Kasepuhan Sirnaresmi Panceg Ngamumule Budaya Titinggal Karuhun

Nya lila-lila mah bubuhan seniman, Ki santri teh nyoba-nyoba ngombinasikeun lagu Sunda  jeung lagu Arab atawa Mesir sarta nu minangka jadi sungapanana nyaeta lagu Kidung jeung lagu-lagu dina Dangdanggula atawa Asmarandana. Pindah masantren ka Jawa Wetan, anjeuna ge ngombinasikeun lagu Jawa jeung lagu Arab atawa Mesir, bubuhan jajaka rapekan.

Kitu deui sabada R. Achmad Dajalari janten ajengan di Pasantren Cigawir, dina senggangna waktu sok ngahaleuangkeun  wawacan make lagu kombinasi tea. Ari wawacanna mah rupa-rupa, aya wawacan Amir Hamzah, Umar Maya atawa Saepulmuluk, atawa wawacan Babad Limbangan, lalakon Sunan  Rumengong (Prabu Rakeyan Layaranwangi / Prabu Jayakusumah), Nyi Putri Buniwangi.

Mun teu kitu sok ngahaleungkeun dangding palsapah hirup anggitan ku anjeun, atawa dangding piwuruk ka panganten.Lian ti ahli seni soara , Ajengan Djalari ge pinter  “ngadangding” deuih. Malah bejana sok ngadangding “ Ngawilujengkeun  Tamu’, dangding dadakan .make lagu campuran, nalika anjeunna katatamuan di dayeuh, upami Juragan Huppanghulu (Holp Panghulu) keur ngaroris pasantren.

Baca Juga: Gintingan, Budaya Gotong Royong Perekonomian Urang Sunda

Baca Juga: Topeng Losari Sohor di Mancanagara, ku Pamarentah Kurang Dipirosea

Malah cek beja mimitina mah lain laguna bae nu dikombinasikeun teh, tapi basa jeung, kecap-kecapna ge sok dikombinasikeun, Sunda, Arab, Jawa. Ngan nepi ka kiwari, can aya nu manggihan naskahna. Lamun naskah tea mah kasebutna meureun Dangding Kombinasi.

Ku kituna geus tanggtu dina zaman harita Cigawiran jadi tembang nu kawentar jeung dipikaresep ku balarea. Malih hasil karya Ajengan Jalari teh dugi ka dipikaresep ku Menak Sumedang Pangeran Suryaatmadja (Pangeran Mekah) waktos nganjang ka Pasantren Cigawir, samulihna jarah ka Sunan Cipancar (Prabu Limansenjaya Kusumah, Sunan Pancer, Sunan Cipancar,  karuhun Limbangan, anu dina zaman harita kawasna makamna di Pasir Huut keneh, di caket tilas Karaton Galeuh Pakuan.

Tah 80 tahun ti harita makamna dialihkeun ku Dalem Suria Kusumah Rangga Megatsari ka Pasir Astana tonggoheun walungan Cipancar, numawi janten nelah Sunan Cipancar ). Tah nu narik, waktos Ajengan Djalari diulem magelaran dina hajat kabupaten Sumedang, Pangeran Suryaatmadja ngaraos bingaheun kahibur manahna dugi ka mamaprin hadiah mangrupa serang anu lega kanggo kalumangsungan hirup pasantrenna di Limbangan.

Baca Juga: Cek Sumber ti Jawa, Keris Nusantara Asalna ti Para Empu Sunda

Baca Juga: Bahasa Sunda Bisa Nyageurkeun Pasen Afasia

Dina lajuning lakuna Tembang Cigawiran terus dimekarkeun ku sababaraha urang tokohna nepi ka sohor  di saluareun pasantren.  Tema rumpakana ge ngalegaan ngandung kiritik sosial, pituah, pergaulan nu sipatna humoris jeung dakwah. Tokoh-tokoh Cigawiran teh diantarana, R. Abdullah Usman, R.Mochamad Isya, R. Mochamad  Amien, R. Agus Gaos (Mang Aden), sareng nu jumeneng keneh R. Iyet Dimyati.

“Alhamdulillah berekah. Ngeureuyeuh keneh ti taun 54 sim kuring teras-terasan tiasa ngamumule kasenian – kabudayaan titinggal karuhun!” Kitu saur Rd. Iyet Dimyati basa ditepangan  di Kampung Serang, Desa Cigawir Kacamatan Selaawi.

Latihan mayeng ampir unggal dinten boh di bumina atawa di masjid, di Padepokan Cigawir (Gedong Padepokan bantuan Gupernur Ahmad Heryawan, pan) sumawonna..Anu latihan atawa nu dialajar mah aya wae kolot -budak ge. Keur regenerasina berekah,  tuang putuna  R. Ahmad Zauhari Naufal Zamzami ngabentuk Barser (Barudak Serang),  kumpulan barudak SD anu ngokolakeun Cigawiran.

Baca Juga: Seni Rengkong, Tata Cara Masarakat Sunda Heubeul Ngarasanan Pare

Baca Juga: Refleksi Kebangsaan untuk Menuju Sunda Mulya dan Nusantara Jaya

Di  Radio Santana ge unggal Kemis peuting mayeng nyiarkeun Cigawiran. Malah geus dikasetkeun / CD sagala cenah ge. Magelaran kitu deui taya reureuhna. Di Bandung mah geus kaubek kaasup di Hotel Homan. Gd.Merdeka, Tegalega, jalan Sunda, malah lampar nepi ka Slawi Jawa Tengah sagala.

Di Limbangan mah teu kaitung , malah kungsi ngabageakeun Mang Ihin nalika ngaresmikeun sasak Cipancar baheula.Basa tepung jeung Mangle ge tas magelaran dina kagiatan “Gatra (Garut Utara, anu keur diajengkeun tea).Tembang Cigawiran ge jadi obyek panalungtikan para sarjana diantatara dijieun Tesis keur gelar Magister (S-2) ku Dewi Suryati Budiwati ti jurusan Pendidikan Seni Program Pascasarjana Universitas Negeri Semarang.Bantuan ti pamarentah oge ngocor, utamana ti Gupernur Ahmad Heryawan jeung Disparbud Jabar.

Raden Iyet Dimyati anu ngadahup ka R. Faridattul Zanah, dibabarkeun di Serang Kp. Serang 12 Agustus 1942 Kagungan putra R. Lulu Fadilah anu nikah ka Ang Hidayat Tusibiyan (Alona dai kahot Alm. KH. Zaenuddin MZ), R. Eka Barkah Abdillah sareng R. Endah Raulah Ratnaayu. Nya kulawarga ieu anu bakal terus ngamumule Tembang Cigawiran. Jadi payus lamun meunang rojongan ti pamarentah teh.*** 

Editor: Sarnapi

Tags

Terkini

Terpopuler