JURNAL SOREANG- Kujang teh pakarang pusaka urang Sunda nu geus aya ti zaman Pajajaran. Rupana aheng, endah, ngandung komara, jeung sarwaguna sarta jadi lambang kareueus sakumna lembaga jeung instansi sarta ormas di sakuliah Jawa Barat, ti mimiti sakola, paguron luhur, kapulisian, kodam, pemprov, pemda/pemkab, pakumpulan pamuda, malah nepi ka grup motor atawa kaca-kaca/gapura di gang marake lambang Kujang.
Tapi Kujang ge katompernakeun kungsi jadi kontroversial di kalangan urang Sunda, dipaduregengkeun aya henteuna, ti mimiti masarakat leutik, budayawan, nepi ka ahli sajarah boga pamanggihna sewang-sewangan ngeunaan Kujang, cohagna dipaseakeun antara pakakas tani atawa pakarang.
Tapi sabalikna ku seler bangsa lianna mah leuwih diajenan, ditilik, dikumpulkeun , ditalungtik, nepi ka dimekarkeunana, dijieun buku jeung dipamerkeun minangka hasil budaya luhung warisan karuhun.
Kabuktian di Gedong Indonesia Menggugat (GIM) Jalan Perintis Kemerdekaan Bandung, kungsi lumangsung Pamedalan / peluncuran buku Kujang sakalian jeung pameran, workshop katut saresehanana.
Rawuh harita para gegeden Jawa Barat, kaum akademisi, palajar, mahasiswa jeung para seniman- budayawan moyan katut para ahli tosan aji sa-nusantara(Bali, Kalimantan, Surakarta, Galuh Ciamis, Garut) .
Baca Juga: Terebang Sejak, Debus ti Kampung Dukuh Cikelet Garut
Baca Juga: Gintingan, Budaya Gotong Royong Perekonomian Urang Sunda
Ari buku “Kujang Jejak Pesona Budaya Sunda (Tinjauan Visual, Sejarah, Teknologi, Fungsi dan Perannya di Masyarakat)”, nu nulisna teh Empu jeung dosen Program Studi Keris & Senjata Tradisional FSRD, ISI Surakarta terah Karanganyar, Basuki Teguh Yuwono, S.Sn, M.Sn. Basuki ge kaasup panaratas ngadegna Padepokan Keris Brojobuwono bareng jeung Dr. Bambang Gunawan,salaku pingpinan.
Tah geuning ku seler bangsa lianna mah Kujang teh leuwih diajenan, ditilik, dikumpulkeun , ditalungtik, nepi ka dimekarkeunana, dijieun buku jeung dipamerkeun salaku hasil budaya luhung warisan karuhun.
Sacara Etimologis, cek Basuki, kecap Kujang asalna tina ‘kudi’ jeung ‘hyang’ nu saterusna eta dua istilah dina basa Sunda teh robah jadi ‘kudi hyan’ laju jadi ‘kud yang’ / ‘kudyang’ laju lebur jadi “Kujang” jiga nu kiwari populer digunakeun ku balarea.
Baca Juga: Tembang Sunda Cigawiran, Ngahijikeun Budaya Arab, Pasantren Jeung Budaya Sunda
Baca Juga: Abah Asep Nugraha: Kasepuhan Sirnaresmi Panceg Ngamumule Budaya Titinggal Karuhun
Data-data arkeologis ngeunaan kujang sihoreng teu “saheureut” nu sok diadurenyomkeun ku urang Sunda nu ngan ukur nyoko kana hiji naskah “Siksa Kandang Karesian” nu netelakeun yen Kujang teh ukur gagaman/pakakas Wong Tani,
"...Gagaman wong tani ma: Kujang, Ballung, patik, kored, sadap.” Tapi aya oge sumber sajarah nu cukup jentre ngeunaan pamekaran teknologi seni tempa pakarang nu aya dina relief Candi Sukuh (1456. M) di Kacamatan Ngargoyoso Kabupaten Karanganyar - Jawa Tengah
Eces kagambar dina relief aya pakarang keris, tumbak, kampak, pedang, kudi/kujang, gunting, jeung rupa-rupa parabot upacara keur dijieun/ditempa dina Gosali(panday).
Baca Juga: Cek Sumber ti Jawa, Keris Nusantara Asalna ti Para Empu Sunda
Baca Juga: Bahasa Sunda Bisa Nyageurkeun Pasen Afasia
Masih dina relief Candi Sukuh tapi dina palebah relief carita Bima Suci kagambar oge sababaraha fragmen adegan rupa-rupa bentuk kujang/kudi. Dina relief tembok candi ge aya kujang/kudi nu jadi gagaman para punakawan oge keur pakarang perang prajurit.
Lian ti eta, relief kujang ge kagambar di Candi Borubudur (Candi Budha pangbadagna abad ka-9) jadi gagaman hiji patapa.Kitu oge dina Candi Panataran Jawa Timur (1320 M) kagambar abdi dalem keur nyekel “kudiyang”.
Saterusna data kujang dina karya sastra Sunda jeung Jawa bisa ditengetan dina “Serat Manik Maya”, “Sanghyang Siksa Kandang Karesian”, jeung “ Berita Pantun Bogor”, kaasup “Serat Tangtu Pangelaran” jeung dina lukisan Wayang Beber..***