Kujang , Pusaka Aheng Yasana Budaya Sunda: Leuwih Dimumule ku Urang Jawa

13 April 2021, 04:28 WIB
Ilustrasi Kujang , Pusaka Aheng Yasana Budaya Sunda: Leuwih Dimumule ku Urang Jawa /Asep GP/JS/

JURNAL SOREANG- Kujang teh  pakarang pusaka urang Sunda nu geus aya ti zaman Pajajaran.   Rupana aheng, endah, ngandung komara, jeung sarwaguna sarta jadi lambang kareueus  sakumna  lembaga jeung instansi sarta ormas di sakuliah Jawa Barat, ti mimiti sakola, paguron luhur, kapulisian, kodam, pemprov, pemda/pemkab,  pakumpulan pamuda,  malah nepi ka grup motor atawa kaca-kaca/gapura di gang marake lambang Kujang.                                                      

Tapi Kujang ge katompernakeun  kungsi  jadi kontroversial di kalangan urang Sunda,   dipaduregengkeun aya henteuna, ti mimiti masarakat leutik, budayawan, nepi ka ahli sajarah boga pamanggihna sewang-sewangan ngeunaan Kujang, cohagna dipaseakeun antara pakakas tani atawa pakarang.                                                            

Tapi sabalikna ku seler bangsa lianna mah leuwih diajenan, ditilik, dikumpulkeun , ditalungtik, nepi ka dimekarkeunana, dijieun buku jeung dipamerkeun minangka hasil budaya luhung warisan karuhun.

Kabuktian di Gedong Indonesia Menggugat (GIM) Jalan Perintis Kemerdekaan Bandung, kungsi lumangsung Pamedalan / peluncuran  buku Kujang sakalian jeung pameran, workshop katut saresehanana.

 Rawuh harita  para gegeden Jawa Barat, kaum akademisi, palajar, mahasiswa  jeung para seniman- budayawan moyan  katut para ahli tosan aji sa-nusantara(Bali, Kalimantan, Surakarta, Galuh Ciamis, Garut) .

Baca Juga: Terebang Sejak, Debus ti Kampung Dukuh Cikelet Garut

Baca Juga: Gintingan, Budaya Gotong Royong Perekonomian Urang Sunda

Ari buku “Kujang Jejak Pesona Budaya Sunda (Tinjauan Visual, Sejarah, Teknologi, Fungsi dan Perannya di Masyarakat)”, nu nulisna teh   Empu jeung dosen Program Studi Keris & Senjata Tradisional FSRD, ISI Surakarta terah Karanganyar, Basuki Teguh Yuwono, S.Sn, M.Sn. Basuki ge kaasup panaratas ngadegna Padepokan Keris Brojobuwono bareng jeung  Dr. Bambang Gunawan,salaku pingpinan.                             

Tah geuning  ku seler bangsa lianna mah Kujang teh leuwih diajenan, ditilik, dikumpulkeun , ditalungtik, nepi ka dimekarkeunana, dijieun buku jeung dipamerkeun salaku hasil budaya luhung warisan karuhun.

Sacara Etimologis, cek Basuki,  kecap Kujang asalna tina ‘kudi’ jeung ‘hyang’ nu saterusna  eta dua istilah dina basa Sunda teh robah jadi ‘kudi hyan’ laju jadi ‘kud yang’ / ‘kudyang’ laju lebur jadi “Kujang”  jiga nu kiwari populer digunakeun ku balarea.

Baca Juga: Tembang Sunda Cigawiran, Ngahijikeun Budaya Arab, Pasantren Jeung Budaya Sunda

Baca Juga: Abah Asep Nugraha: Kasepuhan Sirnaresmi Panceg Ngamumule Budaya Titinggal Karuhun

Data-data arkeologis ngeunaan kujang sihoreng teu “saheureut” nu sok diadurenyomkeun ku urang Sunda nu ngan ukur nyoko kana hiji naskah “Siksa Kandang Karesian” nu netelakeun yen Kujang teh ukur gagaman/pakakas Wong Tani, 

"...Gagaman wong tani ma: Kujang, Ballung, patik, kored, sadap.” Tapi aya oge sumber sajarah nu cukup jentre ngeunaan pamekaran teknologi seni tempa pakarang nu aya dina  relief Candi Sukuh (1456. M) di Kacamatan Ngargoyoso Kabupaten Karanganyar - Jawa Tengah

Eces  kagambar dina relief aya pakarang keris, tumbak, kampak, pedang, kudi/kujang, gunting,  jeung rupa-rupa parabot upacara keur dijieun/ditempa dina Gosali(panday).

Baca Juga: Cek Sumber ti Jawa, Keris Nusantara Asalna ti Para Empu Sunda

Baca Juga: Bahasa Sunda Bisa Nyageurkeun Pasen Afasia

Masih dina relief Candi Sukuh  tapi dina palebah relief carita Bima Suci kagambar oge sababaraha fragmen adegan rupa-rupa bentuk kujang/kudi. Dina relief tembok candi ge aya kujang/kudi nu jadi gagaman para punakawan oge keur pakarang perang prajurit.

Lian ti eta, relief kujang ge kagambar di Candi Borubudur (Candi Budha pangbadagna abad ka-9) jadi gagaman hiji patapa.Kitu oge dina Candi Panataran Jawa Timur (1320 M) kagambar abdi dalem keur nyekel “kudiyang”.

Saterusna data kujang dina karya sastra  Sunda jeung Jawa bisa ditengetan dina “Serat Manik Maya”, “Sanghyang Siksa Kandang Karesian”, jeung “ Berita Pantun Bogor”, kaasup “Serat Tangtu Pangelaran” jeung dina lukisan Wayang Beber..***

Editor: Sarnapi

Tags

Terkini

Terpopuler