FIKSI SUNDA: Imah Kosong Bagian Ka-2

- 3 April 2022, 16:33 WIB
FIKSI SUNDA: Imah Kosong Bagian 2
FIKSI SUNDA: Imah Kosong Bagian 2 /Istimewa /

JURNAL SOREANG – Pamiarsa Jurnal Soreang anu ku Mang Rahmat dipicinta. Wilujeng tepang deui dina pidangan Fiksi Sunda nu digarap ku Mang Rahmat. Imah Kosong bagian 2.

Kange pidangan nu seja kapidangkeun ayeuna urang terakeun we carios nu ka tunda nayeta Imah Kosong bagian ka-2.

Keur dina kaayaan kitu, Rojak pok nyarita ka babaturanana, “Ayeuna mah kieu, Fadil urang gondeng ku duaan, urang neangan imah nu bisa dipake istirahat,”

Baca Juga: FIKSI SUNDA: Imah Kosong Bagian Ka-1

“Nya hayu Jak, karunya Fadil mun dituluykeun mah, mending urang istirahat we,” tembal barudak.

Sarerea cengkat, duaan ngagondeng Fadil, terus leumpang lalaunan. Nu sejenna nuturkeun satukangeunana.

Teu lila ti harita, jog anjog ka hiji wangunan imah. Nu katingalina eta imah teh kosong teu aya anu nyicingan.

“Assalamu’alaikum...., assalamu’alaikum!” Rojak uluk salam.

Baca Juga: HUMOR FIKSI: Cerita Dokter dan Orang Gila di Rumah Sakit Jiwa

Halaman:

Editor: Sarnapi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x