FIKSI SUNDA: Imah Kosong Bagian Ka-1

31 Maret 2022, 10:38 WIB
FIKSI SUNDA: Imah Kosong Bagian Ka-1 /Istimewa /

JURNAL SOREANG – Pamiarsa Jurnal Soreang anu ku Mang Rahmat dipicinta. Wilujeng tepang dina pidangan munggaran Fiksi Sunda nu digarap ku Mang Rahmat.

Kange pidangan kahiji seja kapidangkeun caios: Imah Kosong. Kacaritakeun aya dina hiji poe, waktu isuk-isuk. Ti kajauhan rentang-rentang aya rombongan barudak tukang naek ka gunung.

Eta rombongan teh nyatana, barudak ti hiji sakola nu tujuanana rek muncak ka gunung. Maranehna laleumpang mapay-mapay galengan susukan.

Baca Juga: HUMOR FIKSI: Cerita Dokter dan Orang Gila di Rumah Sakit Jiwa

Di tonggong, naraplok kantong nu dieusi ku bekel nu biasa dibawa nalika naek gunung. Bari laeumpang, dibarung ku luak-lieuk ningalan kaayaan alam pakampungan nu masih endah tur asri.

Rojak, salah saurang ti rombongan ngarandeg heula. Tuluy cingogo dina galeng susukan. Dua dampal leungeunna dipake nawu cai tuluy dipake sibeungeut.

“Alhamdulillah, seger...,” ceuk Rojak bari sababaraha kali nawu cai terus dipake sibeungeut.

Barudak nu sejenna ge sarua, areureun heula. Aya nu diuk bari ngarumbaykeun sukuna kana susukan. Aya oge anu ngadon ngajemprak nangunjar lamar.

Baca Juga: Unik dan Beda! Situs Kencan Ini Khusus Untuk Pecinta Fiksi Ilmiah, Penggemar Film Boleh Masuk!

“Aduh, cape yeuh, nembe sakieu ge tos cape kieu,” Ceuk Salma nangunjar lamar dibarung ku ngipas-ngipas topi kana awakna.

“Hayu ah lanjut deui!” Ceuk Juhe nguniang hudang bari ngakodkeun deui kantongna.

“Hayu, semangat!” Ceuk sarerea kompak nyarita.

Lalampahan ngajujug ka puncak gunung dituluykeun. Kurang leuwih geus 2 jam lilana. Jalma-jalma nu keur digarawe di sawah jeung di kebon narempokeun aleutan barudak ieu.

Baca Juga: Mahasiswa Ushuluddin Luncurkan Buku Non Fiksi, Merita Dian Erina: Virus Cinta Adalah Penghancur

Anjog ka tungtung lembur nu ka wates ku walungan. Ngadadak lengkah nu keur leumpang eureun, sabab saurang ti antara barudak aya nu ngarandapan masalah.

Fadil ngadadak ngagedebut, ngagubrag kana taneuh. Ngagorowok tarik siga nu ngarasa nyeri pisan. Sarera, ngarandeg bari gancang moro ka Fadil.

“Aduh...aduh....awww....aww..., nyeri aduuh...,” Ceuk Fadil gogorowokan bari ceurik.

Baca Juga: Bukan Fiksi! Ini Dia Kisah Sosok Rambo di Dunia Nyata yang Berhasil Bertahan dari Seribu Serangan Dalam 6 Hari

Sarerea jadi kaweur, geumpeur. Gancang Fadil dipayang di bawa ka tempat nu rada merenah. Cag ah sakitu heula, ke disambung deui.***

Editor: Sarnapi

Tags

Terkini

Terpopuler