Kitu deui sabada R. Achmad Dajalari janten ajengan di Pasantren Cigawir, dina senggangna waktu sok ngahaleuangkeun wawacan make lagu kombinasi tea. Ari wawacanna mah rupa-rupa, aya wawacan Amir Hamzah, Umar Maya atawa Saepulmuluk, atawa wawacan Babad Limbangan, lalakon Sunan Rumengong (Prabu Rakeyan Layaranwangi / Prabu Jayakusumah), Nyi Putri Buniwangi.
Mun teu kitu sok ngahaleungkeun dangding palsapah hirup anggitan ku anjeun, atawa dangding piwuruk ka panganten.Lian ti ahli seni soara , Ajengan Djalari ge pinter “ngadangding” deuih. Malah bejana sok ngadangding “ Ngawilujengkeun Tamu’, dangding dadakan .make lagu campuran, nalika anjeunna katatamuan di dayeuh, upami Juragan Huppanghulu (Holp Panghulu) keur ngaroris pasantren.
Baca Juga: Gintingan, Budaya Gotong Royong Perekonomian Urang Sunda
Baca Juga: Topeng Losari Sohor di Mancanagara, ku Pamarentah Kurang Dipirosea
Malah cek beja mimitina mah lain laguna bae nu dikombinasikeun teh, tapi basa jeung, kecap-kecapna ge sok dikombinasikeun, Sunda, Arab, Jawa. Ngan nepi ka kiwari, can aya nu manggihan naskahna. Lamun naskah tea mah kasebutna meureun Dangding Kombinasi.
Ku kituna geus tanggtu dina zaman harita Cigawiran jadi tembang nu kawentar jeung dipikaresep ku balarea. Malih hasil karya Ajengan Jalari teh dugi ka dipikaresep ku Menak Sumedang Pangeran Suryaatmadja (Pangeran Mekah) waktos nganjang ka Pasantren Cigawir, samulihna jarah ka Sunan Cipancar (Prabu Limansenjaya Kusumah, Sunan Pancer, Sunan Cipancar, karuhun Limbangan, anu dina zaman harita kawasna makamna di Pasir Huut keneh, di caket tilas Karaton Galeuh Pakuan.
Tah 80 tahun ti harita makamna dialihkeun ku Dalem Suria Kusumah Rangga Megatsari ka Pasir Astana tonggoheun walungan Cipancar, numawi janten nelah Sunan Cipancar ). Tah nu narik, waktos Ajengan Djalari diulem magelaran dina hajat kabupaten Sumedang, Pangeran Suryaatmadja ngaraos bingaheun kahibur manahna dugi ka mamaprin hadiah mangrupa serang anu lega kanggo kalumangsungan hirup pasantrenna di Limbangan.
Baca Juga: Cek Sumber ti Jawa, Keris Nusantara Asalna ti Para Empu Sunda
Baca Juga: Bahasa Sunda Bisa Nyageurkeun Pasen Afasia
Dina lajuning lakuna Tembang Cigawiran terus dimekarkeun ku sababaraha urang tokohna nepi ka sohor di saluareun pasantren. Tema rumpakana ge ngalegaan ngandung kiritik sosial, pituah, pergaulan nu sipatna humoris jeung dakwah. Tokoh-tokoh Cigawiran teh diantarana, R. Abdullah Usman, R.Mochamad Isya, R. Mochamad Amien, R. Agus Gaos (Mang Aden), sareng nu jumeneng keneh R. Iyet Dimyati.