HUMOR, Wajib Nyaho! Tips Sehat Ramadhan, Sarupaning Kadaharan Nu Teu Meunang Di Dahar. Naon Wae?

- 22 Maret 2022, 17:57 WIB
Ilustrasi humor. HUMOR, Wajib Nyaho! Tips Sehat Ramadhan, Sarupaning Kadaharan Nu Teu Meunang Di Dahar. Naon Wae?
Ilustrasi humor. HUMOR, Wajib Nyaho! Tips Sehat Ramadhan, Sarupaning Kadaharan Nu Teu Meunang Di Dahar. Naon Wae? /Pixabay /Christian Dorn

JURNAL SOREANG - Assalamu’alaikum wr.wb! Sampurasun! Tepang deui pamiarsa sareng simkuring Cepot, dina pidangan Warta Ngacaprak

Warta Kahiji
Dina bulan Ramadhan kasehatan kudu dijaga sangkan bisa puasa jeung ibadah dina kaayaan sehat.

Dina masalah kadaharan, nu puasa teu meunang ngadahar sarupaning kadaharan nu berminyak. Saperti: minyak tanah, bensin, oli, jalantah, jeung sajabana.

Baca Juga: HUMOR: Lalampahan Abah Sastra Ngala Kalapa, Majalaya Ka Ranca Badak

Teu meunang ngadahar kadaharan nu panas-panas, saperti: kompor, seuneu, gorengan nu karek dijait.

Teu meunang ngadahar nu tiis-tiis saperti: es, bancet, jeung nu sejenna.

Teu meunang ngadahar nu teuas-teuas saperti: batu, beusi, jojodog, golodog, jeung nu sejenna.

Warta Kadua
Sangkan sukses ngajalankeun ibadah puasa, nu nuju ngalakonan puasa teu meunang pikeun:

Baca Juga: HUMOR SUNDA: Lauk Jatiluhur Demo, Nini-Nini Leungit Kapanggih Geus Teu Gadis Deui

Barang dahar tibeurang, sanajan alesan, “Daripada ngalamun”. Loba sare tibeurang nepika teu hudang-hudang. Komo deui sare nepika Idul Fitri.

Teu meuang migawe pagawean nu ngan saukur meakeun waktu teu puguh saperti: ngorong, ngitung beas, ngalempeng-lempengkeun toge, ngadodorong cikur, newakan laleur, jeung sajabana.

Teu meunang dahar nu haseum-haseum saperti: ti Ucing, dahareun nu geus haseum, jeung sajabana.

Baca Juga: HUMOR: Beda Harti Bahasa Inggris Jeung Bahasa Sunda, Miss Call: Teu Boga Pulsa

Teu meunang dahar nu lada-lada sapertos cengek, cabe, sireum ateul, jeung sajabana.

Teu meunang migawe pagawean nu matak cilaka saperti: gogoleran di tengah jalan raya, nyeungeut lodong hareupeun mitoha, nundutan sisi walungan Citarum, jeung sajabana.

Warta Katilu
Sababaraha poe ka puasa harga-harga barang naraek. Harga nu naek nyaeta: Kameja, kaos, kabaya, kopeah, kampret. Anapon harga-harga anu morosot: Calana, samping, kaos kaki, sapatu.

Baca Juga: HUMOR! Polisi Gerebek Janda Berusia 90 Tahun Karena Diduga Sebagai Pengedar Sabu-Sabu

Warta Kaopat
Patali jeung Ramadhan ayeuna masih pandemi Covid-19, salila ngajalankeun ibadah puasa kedah patuh kana protokol kasehatan.

Cuci tangan, komo panangan tilas ngorong sareng tilas nyabak tikotok. Jaga jarak, komo sareng nu budug, beuki hitut, beuki nginjeum duit.

Pake masker, komo di jamban nu bau jengkol. Jauhi kerumunan, komo nu ruang riung teu puguh.***

Editor: Sarnapi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah