HUMOR: Lalampahan Abah Sastra Ngala Kalapa, Majalaya Ka Ranca Badak

- 22 Maret 2022, 11:47 WIB
Ilustrasi tertawa setelah baca humor.
Ilustrasi tertawa setelah baca humor. /Pixabay

JURNAL SOREANG – Wayang buta mucungkul bari mawa calung, pok manehna nyarita cacalawakan, “Gampang ..., sayah mah gampang saja, saya akan bahas lalampahan Abah Sastra,”

Baraya sadaya. Bagja sadayana nya. Barayana mang Yayat Majalaya mawa warta panas dadakan. Warta Abah Sastra ngala kalapa.

Lantaran barayana Abah Sastra aya maksad hajat. Hajat badag da nanggap wayang sagala, dalang Dadan saparakanca.

Ngaran baraya Abah Sastra Mang Jaja bandar nangka. Abah Sastra kapaksa ngala nangka ka Majalaya.

Baca Juga: HUMOR SUNDA: Lauk Jatiluhur Demo, Nini-Nini Leungit Kapanggih Geus Teu Gadis Deui

Pada jam dalapan Salasa ba’da dahar, Abah Sastra angkat ka Majalaya. Angkatna kana kandaraan Avanza panganyarna, wah rada gaya nya baraya.

Sabab aya tangkal nangka ngajajar dalapan tangkal na sawah saat. Abah Sastra mawa wadah da nyangka nangkana arasak

Barang datang ka Majalaya kasampak tangkal nangka araya sadayana. Da apan tangkal nangka mah tara ka mana-mana nya, sanajan jalantah kalapa mahal.

Baca Juga: HUMOR: Beda Harti Bahasa Inggris Jeung Bahasa Sunda, Miss Call: Teu Boga Pulsa

Halaman:

Editor: Sarnapi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x