HUMOR RAMADHAN: Heboh Solat Subuh 4 Rakaat, Sholat Janazah Make Ruku Jeung Sujud?

13 April 2022, 11:08 WIB
Ilustrasi humor Ramadhan /Pixabay /Christian Dorn

JURNAL SOREANG – Kacaritakeun di hiji lembur, aya kajadian nu matak rame, geunjleung salelembur ear sajajagad, viral di media sosial.

Naon nu jad sabab? Sihoreng simanahoreng, aya kajadian di hiji masjid. Aya hiji jalma anu solat Subuh opat rakaat.

Ketua DKM panasaran, hayang apal naon nu jadi alesan eta jalma solat Subuh opat rakaat.

Baca Juga: HUMOR PUASA: Obrolan Maya Dalang Sareng Tukang Madu Sambil Ngabuburit

Eta jalma ditanya kieu:

“Naon sababna anjeun solat Subuh opat rokaat?”

Eta jalma ngajawab:

“Teu aya nanaon abdi mah, meungpeung daek we.”

Ngadenge jawaban eta jalma kitu teh, ger teh sarere nyakakak seuri.

Baca Juga: HUMOR RAMADHAN: Kacilakaan Tabrakan Beca jeung Mobil Toronton, Nyababkeun Sirah Supir jeung Kendektur Papisah

Salian carita bieu, aya deui carita kieu yeuh.

Aya kajadian hiji budak solat janazah make ruku jeung sujud. Nu maotna teh mitohana.

Rengse solat ditanya ku pa ustadz kieu:

“Cing jang, naha solat janazah teh make ruju jeung sujud?”

Baca Juga: HUMOR PUASA: Mang Cepot Bermimpi Jelajahi Qatar, Kunjungi 11 Tempat Wisata

Eta jalma ngajawab kieu:

“Ah teu kunanaon abdi mah, bubuhan we ka abah.”

Ngadenge jawaban eta jalma kitu, ger teh pa ustadz jeung nu sejenna seuri ngan bari ditahan da sidik keur dina papait.***

Editor: Sarnapi

Tags

Terkini

Terpopuler