JURNAL SOREANG – Sore bieu sambil ngabuburit pa Rahmat Madu ngobrol dina chat WhattsApp jeung Rahmat Dalang.
Rahmat Madu, “Bismillah. Assalamualaikum Kang Rahmat. Ieu abdi icalan madu asli.
Stock terbatas, margi maduna madu odéng kénging ngala ti leuweung, sanés madu nyiruan anu diternak.
Aya dua varian rasa, nyaéta rasa néktar kopi sareng rasa kaliandra. Pangaosna Rp80.000 sabotol (470 gram) sareng Rp60.000 sabotol (350 gram).
Mangga diantos orderna, meungpeung nuju ready stock. Rahmat Dalang: Pa Handri, Pa Rus, Pa Sam, Mang Yayat, sareng Kang Azmy tos ngagaraleuh.... kantun Kang Rahmat nu teu acan...”
Rahmat Dalang, “punten pangersa, minggon ieu mah sementawis moal waka, insya Allah ke pami maduna masih aya akhir Ramadhan bade pesen. hatur punten nya pa Rahmat.”
Rahmat Madu, “Siaaaaaap Kang Rahmat anu dahsyaaaat....”
Rahmat Dalang, “Siiippp sami sami dahsyat pa Rahmat ge.”