FIKSI SUNDA: Imah Kosong Bagian Ka-2

3 April 2022, 16:33 WIB
FIKSI SUNDA: Imah Kosong Bagian 2 /Istimewa /

JURNAL SOREANG – Pamiarsa Jurnal Soreang anu ku Mang Rahmat dipicinta. Wilujeng tepang deui dina pidangan Fiksi Sunda nu digarap ku Mang Rahmat. Imah Kosong bagian 2.

Kange pidangan nu seja kapidangkeun ayeuna urang terakeun we carios nu ka tunda nayeta Imah Kosong bagian ka-2.

Keur dina kaayaan kitu, Rojak pok nyarita ka babaturanana, “Ayeuna mah kieu, Fadil urang gondeng ku duaan, urang neangan imah nu bisa dipake istirahat,”

Baca Juga: FIKSI SUNDA: Imah Kosong Bagian Ka-1

“Nya hayu Jak, karunya Fadil mun dituluykeun mah, mending urang istirahat we,” tembal barudak.

Sarerea cengkat, duaan ngagondeng Fadil, terus leumpang lalaunan. Nu sejenna nuturkeun satukangeunana.

Teu lila ti harita, jog anjog ka hiji wangunan imah. Nu katingalina eta imah teh kosong teu aya anu nyicingan.

“Assalamu’alaikum...., assalamu’alaikum!” Rojak uluk salam.

Baca Juga: HUMOR FIKSI: Cerita Dokter dan Orang Gila di Rumah Sakit Jiwa

Sababaraha kali uluk salam tapi teu aya

Barudak silih reret jeung pada baturna, keur kitu ujug-ujug kadenge sora bapa-bapa nyarita nu ditujukeun ka barudak.

Sarerea ngarasa kaget, langsung ngorejat bari malikeun awak ka palebah eta sora. Breh, katingali aya bapa-bapa make baju hideung, beungeutna kahalangan ku cotom.

“Punten pa, dupi nu gaduh bumi ieu nuju aya? Abdi bade ngiring istirahat.” Ceuk Rojak nyarita.

Baca Juga: Unik dan Beda! Situs Kencan Ini Khusus Untuk Pecinta Fiksi Ilmiah, Penggemar Film Boleh Masuk!

“Imah ieu mah kosong, sok we rek aristirahat mah, ngan kade ulah garandeng.” Ceuk si bapa bari leumpang kana panto imah, tuluy ngasupkeun konci, bray panto dibuka.

Geus kitu eta jalma ngaleos indit bangun anu rusuh.

“Oh muhun atuh pa, punten pisan abdi sadaya ngiring istirahat di bumi ieu, ke sonten mah da bade uih.” Ceuk Rojak bangun atoh.

Barudak asup ka eta imah, Fadhil digondeng ku duaan.

Baca Juga: Mahasiswa Ushuluddin Luncurkan Buku Non Fiksi, Merita Dian Erina: Virus Cinta Adalah Penghancur

Ieu imah lega pisan, loba rohanganana, ngan rada geueuman wungkul, barudak ngariung di tengah imah, aya nu ngagoler, diuk bari nyarande kana tihang. Fadhil katingali masih pupuringisan nahan kanyeri. Cag heula nya, ke diteraskeun.***

Editor: Sarnapi

Tags

Terkini

Terpopuler