HUMOR: Adab Ka Salaki Sajero Bulan Puasa, Naon Wae?

22 Maret 2022, 18:43 WIB
Ilustrasi puasa. HUMOR: Adab Ka Salaki Sajero Bulan Puasa, Naon Wae? /Freepic/

JURNAL SOREANG – Aya sababaraha adab sopan santun pamajikan ka salaki dina bulan puasa, ieu diantarana:

Ulah pedah euweuh minyak goreng, pas dahar der ngasongkeun daging atah, lauk atah, endog atah.

Ulah ngahudangkeun salaki rek nitah saur ku cara nyeungeut pepetasan di gigireun ceulina. Sanajan niat urang mah guyon, tapi insya Allah urang teh ku salaki bakal dicabok.

Baca Juga: HUMOR, Wajib Nyaho! Tips Sehat Ramadhan, Sarupaning Kadaharan Nu Teu Meunang Di Dahar. Naon Wae?

Ulah ngabibita salaki ku cara dahar atawa nginum pabeubeurang hareupeunana. Sanajan urang keur datang bulan, tapi ari dahar nginum mah kudu susulumputan.

Ulah nyaritakeun ka salaki yen dina nyanghareupan lebaran teh urang rek dipangmeulikeun baju ku Indra Kenz. lamun urang terus terang ka salaki yen rek dipangmeulikeun baju ku Indra Kenz, moal boa eta baju teh bakal diduruk.

Ulah nyoba-nyoba ngirim kolek atawa candil ka mitoha lalaki kalawan bahanna tarigu dicampur ku ... semen. Lamun eta kolek tulus dikirimkeun, bisa jadi huntu mitoha teh bakal ... parunglak.

Baca Juga: HUMOR: Lalampahan Abah Sastra Ngala Kalapa, Majalaya Ka Ranca Badak

Ulah nyoba-nyoba ngirim baju lebaran ka mitoha lalaki mangrupa ... kaos Persib. Sanajan eta kaos teh kungsi dipake ku Atep.

Tapi asa teu pantes lamun dina derna solat Ied mitoha urang ka lapang mamake kaos Persib lengkep jeung syalna, bari dina tonggong eta kaos aya tulisan .. “Persib atau Mati!”.

Ulah ngeusian bulan puasa ku kagiatan-kagiatan anu kurang perelu, upamana bae ngayakeun arisan sapoe jeput, atawa teterekelan dina suhunan bari ceuceuleuweungan nyanyi.

Baca Juga: HUMOR SUNDA: Lauk Jatiluhur Demo, Nini-Nini Leungit Kapanggih Geus Teu Gadis Deui

Ulah ngeusian bulan puasa ku kagiatan ngabuburit ka tempat-tempat nu jauh, upamana bae ti Bandung ka Banda Aceh atawa ka Papua.

Sajaba ti kudu ngaluarkeun waragad gede teh oge dina waktuna buka babarengan, ari sarerea geus siap dina meja makan, ari urang masih keneh di Banda Aceh atawa di Papua.

Ulah ngadagoan waktuna buka ku mesekan kwaci bari didaharan hiji-hiji atawa ngala kutu, tuluy kutuna dihuapkeun.

Baca Juga: HUMOR: Beda Harti Bahasa Inggris Jeung Bahasa Sunda, Miss Call: Teu Boga Pulsa

Ulah hayang katangar ku babaturan ku cara ngirimkeun kartu lebaran dua bulan sabada lebaran.

Lamun rek silih kirim dahareun, omat eusi rantang ulah diganti ku granat atawa bom, sabab urang bakal langsung dituduh teroris.

Ulah chat di Whatsapp ka lalaki sejen ku bahasa anu romantis, bisi ke diontrog ku pamajikan atawa kabogohna.***

Editor: Sarnapi

Tags

Terkini

Terpopuler