HUMOR PUASA: Obrolan Maya Dalang Sareng Tukang Madu Sambil Ngabuburit

- 8 April 2022, 16:21 WIB
Ilustrasi Tertawa setelah baca humor.
Ilustrasi Tertawa setelah baca humor. //PEXELS

JURNAL SOREANG – Sore bieu sambil ngabuburit pa Rahmat Madu ngobrol dina chat WhattsApp jeung Rahmat Dalang.

Rahmat Madu, “Bismillah. Assalamualaikum Kang Rahmat. Ieu abdi icalan madu asli.

Stock terbatas, margi maduna madu odéng kénging ngala ti leuweung, sanés madu nyiruan anu diternak.

Aya dua varian rasa, nyaéta rasa néktar kopi sareng rasa kaliandra. Pangaosna Rp80.000 sabotol (470 gram) sareng Rp60.000 sabotol (350 gram).

Baca Juga: HUMOR RAMADHAN: Kacilakaan Tabrakan Beca jeung Mobil Toronton, Nyababkeun Sirah Supir jeung Kendektur Papisah

Mangga diantos orderna, meungpeung nuju ready stock. Rahmat Dalang: Pa Handri, Pa Rus, Pa Sam, Mang Yayat, sareng Kang Azmy tos ngagaraleuh.... kantun Kang Rahmat nu teu acan...”

Rahmat Dalang, “punten pangersa, minggon ieu mah sementawis moal waka, insya Allah ke pami maduna masih aya akhir Ramadhan bade pesen. hatur punten nya pa Rahmat.”

Rahmat Madu, “Siaaaaaap Kang Rahmat anu dahsyaaaat....”

Rahmat Dalang, “Siiippp sami sami dahsyat pa Rahmat ge.”

Baca Juga: HUMOR RAMADHAN: Salah Maca Doa Dina Pangajian Ibu-Ibu Sare

Rahmat Madu, “Aamiin Allahumma aamiin....”

Ramat Dalang, “Tah pami di daerah pa Rahmat peryogi hiburan wayang dakwah manga tiasa ngulem abdi, hehe.”

Rahmat Madu, “Oh, aslina éta téh???? Aya ku hébring Kang Rahmat mah... masya Alloh tabarakalloh....”

Rahmat Dalang, “Muhun, mung 2 tahun ka stop ku cecep covid, mudah2n we tos Ramadhan ayeuna mangprang deui”

Baca Juga: HUMOR RAMADHAN: Cepot: Sebutkan 5 Nama Daerah di Kabupaten Bandung yang dari Vokal A, Apa Ya?

Rahmat Madu, “Aamiin....”

Rahmat Madu, “Masya Allah.... Aa Rahmat mah nyaan dahsyatna... Kasawang sama ana, Aa Rahmat ngadalang ngabamblam kalayan lancaaaar kawas kacang ngahantam kajang....”

Rahmat Dalang, “Nya kan saya mah kang ada bakat, bakat kapaksa pan kan sangkan dapat bahan pangan anak-anak dan mamahnya anak-anak, ya namanya kan lalampahan alam pana, ya jalan saja saya mah kang, hahahaha.”

Rahmat Madu, “Tah tah tah..... Aa Rahmat bakatna mantap. Kana ngarangna Aa Rahmat mah calakan...”

Baca Juga: HUMOR PUASA: Menu Buka Puasa Kuliner Cangkang Duren,Karek Nyaho Cangkang Duren Bisa Diolah?

Rahmat Dalang, “ya kan saya dan mamang kan sama-sama blajar mang, hahaha”

Rahmat Madu, “Sama-sama ngabamblam na lapak maya.... ngan ngabamblamna kana warta da apan anta dan ana sama-sama wartawan...”

Rahmat Dalang, “Nya, ngabamblam sangkan banyak yang baca dan dapat bayaran, haha.”

Rahmat Madu, “Tah tah tah, banyak yang baca ngarah badag bayaranana...”

Rahmat Dalang, “Kan bagja dapat jalan2 dan balanja ka pasar badag.”

Baca Juga: HUMOR: Kisah Kakek Pikun dan Bikin Jengkel, Jadi Uji Kesabaran

Rahmat Madu, “Ngan janjakal bayaran ka ana mah tacan badag, da yang bacana kagak banyak...”

Rahmat Dalang, “Wayahna, sabar jangan patah harapan, mapay saja jalan ngahanca garapan sanajan lambat”

Rahmat Madu, “Tanpa sabar mah matak patah harapan. Ras kana kahayangna mamahna anak-anak, ana asa cangcaya kana bakal nampa bayaran badag ladang ngawarta na lapak maya.

Baca Juga: HUMOR PUASA: Mantan Preman Shalat, Setelah Salam Dia Marah. Mengapa?

Rahmat Dalang, “man jadda wa jada aja kan mang, mapay sahambalan sahambalan, lama- lama akan katampa badag ladang ngalapak macam- macam kata dan paragraf pada lapak maya sanajan ala kadarna.”

Rahmat Madu, “Mangga Mang papag adzan....”

Rahmat Dalang, “ya mang sama-sama makan badag nya, halabhab dan lapar pan sapanjang jam, hahaha.”

Rahmat Madu, “Ya... bagja, ana dan anta sama-sama bakal ngahanca makanan pasca adzan.....”***

Editor: Sarnapi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah