FIKSI SUNDA: Imah Kosong Bagian Ka-3

7 April 2022, 21:37 WIB
FIKSI SUNDA: Imah Kosong Bagian 3 /Istimewa /

JURNAL SOREANG – Pamiarsa Jurnal Soreang tepang deui sareng mang Rahmat dina pidangan Fiksi Sunda bagian ka-3 nu seja dipedar ayeuna.

Dina mangsa barudak keur ngareureuhkeun kacape sanggeus laleumpang sakitu lilana ti isuk-isuk nepika manjing lohor.

Kadenge sora hawar-hawar adan ti masjid nu aya di pakampungan. Rojak jeung babaturanana carengkat rek ka cai, rek wudu.

Baca Juga: FIKSI: Alhamdulillah, Terima Kasih Ya Allah! (Bagian 1)

Sanggeus wudu, rojak nangtung di hareup jadi imam, barudak sejenna ngajajar di tukang. Rojak jeung babaturanana rek sholat lohor disambung ku solat Asar di jama qosor.

Rengse solat tuluy wiridan jeung ngado’a. Fadil ge solat bari diuk da teu kuat nangtung.

Sanggeus renge sarolat, Rojak jeung babaturanana ngariung deui siga tadi. Sarerea langung maruka kantongna sewang-sewang ngaluarkeun bekel nu dibawa ti imah.

Masing-masing ngahanca bekelna ngalalimed, bangun anu ni’mat pisan katingalina. Nya pasti kituna teh, sabab geus carape laleumpang sakitu jauhna.

Baca Juga: FIKSI SUNDA: Imah Kosong Bagian Ka-2

Rengse dahar, barudak dariuk bari ngariung. Keur kitu, jorelat aya cahaya kilat tuluy disusul ku gelegerna sora guludug tarik pisan.

Teu lila langsung kaayaan ngadadak jadi poek mongkleng siga nu rek hujan gede. Mimiti hujan turun beuki lila beuki ngagedean. Breg we hujan badag ngagebret.

Rojak kurah-koreh kana saku kantong neangan lilin jeung korek apai. Gorehel korek api kapanggih.

Lilin diseungeut, bray caang.

“Ku sabab hujan, urang moal waka bisa mulang, ke we sugan sore hujan raat, urang mulang.” Ceuk Rojak ka babaturanana.

Baca Juga: FIKSI SUNDA: Imah Kosong Bagian Ka-1

“Nya, kumaha atuh da hujan, ke we mun hujan raat urng mulang,” Salma mairan cariataan Rojak.

“Nya lah ke we geus halodo, mun hujan teu raat-raat mah nya kapaksa urang mondok di dieu,” Ceuk nu sejenna deui.

Hujan teu eureun-eureun, wanci geus nuduhkeun jam satengah lima sore. Barudak kaciri siga teu garenah rasa.

Sanajan biasa naek muncak jeung kemping di gunung ge, dina waktu harita mah sabab cicing di imah kosong, siga nu teu ngarasa betah.

Baca Juga: HUMOR FIKSI: Cerita Dokter dan Orang Gila di Rumah Sakit Jiwa

Sora hujan dibarung ku sora gaang jeung jangkrik tanda wanci nyedek ka wanci sareupna, hujan teu eureun-eureun.

Kumaha carios salajengna? Antos dina lajenganana ieu carios. Ieu carios urang teundeun di handeuleun sieum urang tunda di hanjuang siang, mangsa datang urang sampeur deui. Cag ah!***

Editor: Sarnapi

Tags

Terkini

Terpopuler