Kujang , Pusaka Aheng Yasana Budaya Sunda: Leuwih Dimumule ku Urang Jawa

- 13 April 2021, 04:28 WIB
Ilustrasi Kujang , Pusaka Aheng  Yasana Budaya Sunda: Leuwih Dimumule ku Urang Jawa
Ilustrasi Kujang , Pusaka Aheng Yasana Budaya Sunda: Leuwih Dimumule ku Urang Jawa /Asep GP/JS/

JURNAL SOREANG- Kujang teh  pakarang pusaka urang Sunda nu geus aya ti zaman Pajajaran.   Rupana aheng, endah, ngandung komara, jeung sarwaguna sarta jadi lambang kareueus  sakumna  lembaga jeung instansi sarta ormas di sakuliah Jawa Barat, ti mimiti sakola, paguron luhur, kapulisian, kodam, pemprov, pemda/pemkab,  pakumpulan pamuda,  malah nepi ka grup motor atawa kaca-kaca/gapura di gang marake lambang Kujang.                                                      

Tapi Kujang ge katompernakeun  kungsi  jadi kontroversial di kalangan urang Sunda,   dipaduregengkeun aya henteuna, ti mimiti masarakat leutik, budayawan, nepi ka ahli sajarah boga pamanggihna sewang-sewangan ngeunaan Kujang, cohagna dipaseakeun antara pakakas tani atawa pakarang.                                                            

Tapi sabalikna ku seler bangsa lianna mah leuwih diajenan, ditilik, dikumpulkeun , ditalungtik, nepi ka dimekarkeunana, dijieun buku jeung dipamerkeun minangka hasil budaya luhung warisan karuhun.

Kabuktian di Gedong Indonesia Menggugat (GIM) Jalan Perintis Kemerdekaan Bandung, kungsi lumangsung Pamedalan / peluncuran  buku Kujang sakalian jeung pameran, workshop katut saresehanana.

 Rawuh harita  para gegeden Jawa Barat, kaum akademisi, palajar, mahasiswa  jeung para seniman- budayawan moyan  katut para ahli tosan aji sa-nusantara(Bali, Kalimantan, Surakarta, Galuh Ciamis, Garut) .

Baca Juga: Terebang Sejak, Debus ti Kampung Dukuh Cikelet Garut

Baca Juga: Gintingan, Budaya Gotong Royong Perekonomian Urang Sunda

Ari buku “Kujang Jejak Pesona Budaya Sunda (Tinjauan Visual, Sejarah, Teknologi, Fungsi dan Perannya di Masyarakat)”, nu nulisna teh   Empu jeung dosen Program Studi Keris & Senjata Tradisional FSRD, ISI Surakarta terah Karanganyar, Basuki Teguh Yuwono, S.Sn, M.Sn. Basuki ge kaasup panaratas ngadegna Padepokan Keris Brojobuwono bareng jeung  Dr. Bambang Gunawan,salaku pingpinan.                             

Tah geuning  ku seler bangsa lianna mah Kujang teh leuwih diajenan, ditilik, dikumpulkeun , ditalungtik, nepi ka dimekarkeunana, dijieun buku jeung dipamerkeun salaku hasil budaya luhung warisan karuhun.

Halaman:

Editor: Sarnapi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x